Selasa, 14 Juni 2016

PAREBUT WANOJA


PAREBUT   WANOJA

Hiji carita drama anu nyaritakeun para nonoman anu statusna minangka santri ancikna  dikamar anu ngaranna F2 maranéhanana nyaéta sobat anu  kompak sarta satia kawan. . Maranéhanana resep hareureuy bari ngobrol. Dina hiji poé si-Restu murag asih ka salah sahiji wanoja anu ngaranna Dinda . Tapi si-Restu  henteu wakca cukup hatena wungkul nu nyaho. Tapi pamustunganana réncang-réncang sakamarna curiga sabab Restu mindeng ngalamun sarta kéom sorangan nepi ka di guyonan ku réncang-réncang sakamarna. Tungtungna Restu nyaritakeun sabab dirayu ku babaturanana, tapi teu disangka-sangka diantara réncang Restu aya  ogé anu resep ka Dinda. Sarta manéhna ambek ngadéngé guaran Restu manéhna nyaéta Abdul karim anak saudagar Bawang. Nepi ka antukna jadi mumusuhan diantara maranéhanana duaan  pamustunganana maranéhanana milih jadi babaturan tibatan mumusuhan alatan wanoja.

Para Pamaén

Pamaen utama: Restu
Pamaen pembantu: Abdul
Dinda
Ades
Dodi
Peran figuran: Rio
Adit

Dina hiji poé asrama wewengkon “F” kamar F2 kadéngé
Rio    :     éh...Dit  nyaho  teu ayeuna tanggal sabaraha?
Adit    :     aya naon maneh nanya-nanya tanggal ,  aya anu penting kitu  ..?
Rio    :    he...he ...he   ah henteu kunanaon ngan pedah weh duit uing geus  rek koredas euy  .
        .
Abdul mairan.
Abdul    :     ayeuna tanggal 15 juni Ri ...mantak ge  ulah royal jadi jelema
        teh , terus lamun geus kieu manéh pasti nginjeum duitna ka kuring
        .
Rio    :     He...he..he  tah geuning apal euy .
Ades    :     Haaar  rek .kumaha deui tuda da eta mah geus jadi kabiasaan maneh ,lamun deukeut deukeut koredas pasti nginjeum ka si Dullah  .
       
Rio    :    Keun bae atuh euy ,da lamun bapa uing ngirim ge langsung bayar  ka si Dullah  jeung bari nage si Dullah mah loba duitna
       

Tuluy Adit anu tadina sasaréan  hudang  miluan mairan...
Adit    :     Puguh weh Dullah  mah  pan anakna juragan bawang jadi antaré waé
        lamun kurang duit nya tinggal menta ka bapana
Abdul    :     nuhun  ocehannya...Dit.

Sarta sawatara poé saterusna disakola... Brak....(.Restu henteu ngahaja nabrak saurang wanoja  tétéla nyaéta dinda)
Dinda    :     éh manéh teh lamun leumpang tempa tempo heula  kawas teu boga panon nya 

 si Restu ngan hookeun nempo Dinda siga ambek  ka     dirina...
Dinda    :     hei kang...bet jadi hookeun kawas manggih anu lucu nya ?..
Restu    :     O o o, punten nya kuring teu ngahaja, sababna  kuring tadi kaburu-
        buru  ka toilet. Hampura nya..hampura ....
Dinda    :     mantak ge lamun leumpang tempa tempo heula ulah ngalamun kumaha lamun
        kesambet jurig .. kang. enya geus ku kuring dihampura..
Restu    :     éh ..bet asa sisinarieun kuring kakara ayeuna ningali  didinya aya di sakola ieu ?
    Dinda: baruk... kuring budak  anyar kang  pindahan  ti SMA Jombang
       
Restu    :     baruk didinya budak  anyar  di dieu ngenalkeun kuring Restu anak
        XII basa, didinya  asup dikelas mana?
Dinda    :     baruk.. kuring asup di kelas X ips.kang hampura  nya tadi ambek-
    ambekan atuda  tadi kang Restu  make nabrak nabrak sagala ,hampura nya kang .
   
Restu    :     Saha  ngaran manéh  teh ?
Dinda    :     ngaran kuring Dinda kang
Restu    :    ngaran anu geulis payus  jeung  jelemana geulis ogé...
Dinda    :     Euleuh  mani jadi GR kang Restu mah aya aya wae ,sok  kaleuleuwihan .
       
Restu    :      Atuda  kanyataanna  Dinda teh geulis  pisan
Dinda    :     aduh...bet jadi panjang gombalnya kang tos ah cekap  Dinda
        bade lebet kelas teu ngeunah lamun ditempo barudak anu séjén.
Restu    :     enya  sok atuh..GOOD LUCK  nya.
Dinda    :     Assalamualaikum
Restu    : Walaikumsalam

Bring maranehanana    asup ka kelas masing masing  nepi ka bel balik ngirining nandakeun KBM geus réngsé..
Restu    :     (kéom sorangan dina kamarna)
Restu    :    dina haté Restu ngomong “lamun kuring bisa boga kabogoh
        Kawas Dinda    kacida éndahna dunya ieu”  singhoreng
        tétéla aya dua pasang panon anu keur ngintip..
Dodi    :     éh...Des si Restu naha nya ti kamari-kamarina manéhna arang
        dahar sarta ngan kéom sorangan jeung ngalamun?
Ades    :     meureun manéhna kerasukan jin sugan atawa diajar ekting teater?
Dodi    :     hah jaman ayeuna masih percaya anu kitu , henteu lah
        meureun manéhna  keur kabungbulengan  .Piraku  jelema teater            bisa kabungbulengan
Ades    :     nya atuh  pamaen teater ogé manusa. Kajeun teu ngageremet  ka urang
        tanyakeun  yu.
Dodi    :     duaar...hayooh  naha ieu bet ngalamun sorangan bari mesam mesem
Restu    :     ah.. manéh mah ngagetkeun   kuring waé. Teu aya nanaon da .
Ades    :   piraku  euy
Restu    :     Enya  teu aya nanaon.
Dodi    :     tapi naha manéh kéom sorangan? kawas keur kabungbulengan..
Restu    :     manéh teh  lamun dititah neliti jelema pinter.. lamun enya kunaon kitu hayooh
       
Ades    :     nya teu nanaon, tapi raja teater sakola urang  geuning kabungbulengan sarua
        jeung saha nya  dod??
Dodi: sarua jeung  saha nya
Restu    :     éh.. bet jadi wawancara yeuh..
Ades    :     Restu..wakca atuh ka urang saha nyaho bisa  mantuan  maneh .
       
Restu    :     tapi pasini nya ulah ngagosipin kuring, sababna kuring pang antina pisan ka
    gossip sumawona lamun nepi ka kedengeeun  virda si-
    ratu Gosip sakola urang tea....
Dodi    :     Enyalah!!.urang pasini moal nga gosipin manéh disakola,wanoja mana
        anu ku manéh dipika cinta  teh.
Restu    :     manéhna teh  budak anyar sakola di urang .Si Dinda aranna...
Ades    :     baruk.. karek pindahan  budak teh ..
Restu    :     nya bener, tapi kuring éra rek balaka  yen kuring bogoh ka manehna .
Dodi    :     éra..piraku da anak teater anu geus jadi jawara nasional ieu éra.
        ..(dodi jeung  ades seuri)
Restu    :     nya  dipanggung éta gampang pren tapi lamun  masalah haté ka haté
        mah  keur kuring pohara pisan  beurat rasana. Beurraattt pisan.....
Ades    :    enya geus ku  kuring didoakeun waé nya . muga suksés

Dina hiji peuting di kamar aya 7 budak nonoman, aya anu ngagawean copy paste pancén pr baturna, ogé aya anu deui baca komik...
Dodi    :     hei réncang-réncang kabéh  aya warta anyar  yeuh .
Abdul    :     warta anyar naon
Ades    :     si-raja teater sakola urang keur kabungbulengan
Adit    :     wah kasaha yeuh..
Dodi    :     ngadenge mah hawar hawar........ka budak anyar
Abdul    :     budak  anyar saha?
Ades    :     Eta si geulis Dinda  tea geuning ...
Abdul    :     naon!!! dinda?? (beungeut abdul jadi  geuneuk  bakat ku  ambek)
Abdul    :     éh..manéh teh teu nyaho  hatur nuhun nya..geus ku kuring dibageuran
        jadi réncang éh kalahka bogoh ka wanoja nu ku kuring dipikaresep...
Restu    :    Haar ari  manéh naonna manéhna bet jadi sewot kitu
Abdul    :    memang kuring lain saha sahana manéhna tapi kuring leuwih
        tiheula P_d_k_t ka wanoja eta..ngeunah waé manéh nya..
Restu    :     terus kahayang  manéh naon??daék  gelutlah ...

(kalayan sora teugeug bari nununjuk beungeut Abdul) Bari jeung teu loba omong si-Abdul geus ngerekeb damis Restu sarta kitu ogé sabalikna tapi garelut  bisa dieureunkeun ku babaturanana kalayan dipisahkan.
Adit    :    Har geuning ieu bet jadi paraséa da...gara-gara awéwé maranéh jadi poho
        . Gélo naon...awéwé mah  loba ulah jadi jelema bodo
        Kalah ka  paraséa maranéh teh  geus kelas XII sakuduna bisa diajar
        dewasa. Enya geus hayu akur wae . Sarta tong dinget inget awéwé éta,
        ayeuna anu kudu maranéh inget nyaéta diajar sarta diajar...ambéh
        maranéh lulus ujian engkéna. Restu sarta Abdul pamustunganana
        akur deui sarta balik  soméah .
Cag ah .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar