Rabu, 15 Juni 2016
MIARA HAYAM KATE
Dibaca : 1,041 Komentar : 48 Nilai : 21
Pasosore langit cekas Herry ulin ka imah kuring , ku kuring diajak diuk diteras tukang manehna ho'okeun ningali sarombongan hayam kate .
Herry : " Oma hayam katena seu'eur oge nyaa "
Kuring : " muhun "
Herry : " Meser dimana Oma ? "
Kuring : " Nu burik beureum atanapi nu bodas Her "
Herry : " Nu burik beureum Oma "
Kuring " Eueuh ..... eta meserna di Kong Ragile "
Herry : " pami nu bodas ? "
Kuring " Sami di kong Ragile oge "
Herry : " Daharna naon wae Oma ? "
Kuring : " Nu burik beureum atanapi nu bodas Her ? "
Herry : " Nu burik beureum Oma "
Kuring : " Aeh jiga na mah menir panginten "
Herry : " Pami nu bodas Oma ? "
Kuring : " Sami jiga na mah menir oge "
Herry : " nginumna naon Oma ? "
Kuring : " Nu burik beureum atanapi nu bodas Her ? "
Herry : " Nu burik beureum Oma "
Kuring : " Jigana cai herang dicampur vitamin, tapi dukanya da nu ngurus Arke seeh "
Herry : " Pami nu bodas ? "
Kuring : " Sami oge "
Herry : " Kandangna itu nya Oma ? "
Kuring " Nu burik beureum atanapi nu bodas Her ? "
Herry : " Nu burik beureum Oma "
Kuring " Enya didinya Her "
Herry : " Pami nu bodas Oma ? "
Kuring " Sami didinya oge "
Herry : " Omaaaaa ....... naha atuh pami sami geuning naroskeun kedah nu burik beureum atanapi nu bodas ?? "
Kuring : " Sababna lamun nu burik bureum anu kuring ,Her "
Herry : " Ooh .....hapunten oma hanas abdi tos emosi manawi teh ..... teras pami nu bodas nu saha ? "
Kuring " Nu kuring oge "
Herry : " Omaaaaaaaaa !!!!!"
Kong Agil : " Dasar jelema dua teh kenthiir kabeh ( mesem2 ) Arke ngelelkeun letah ke Herry .
Herry : " Dasar Oma "
Kuring " Dasar naon ??? " ( ambek )
Herry : " Dasar Oma geulis " ( manyun )
Kuring : " Teu kadangu nyarios naon tadi ? "
Herry : " Dasar Oma kuring geuliiiiss , puaaas ? "
kuring ,Arke jeung kong Ragile arasup kajero imah ninggalkeun Herry nu keur manyun.
Selengkapnya : http://www.kompasiana.com/eni_kunaenih/gara-gara-ayam-kate_551b644e8133116d319de120
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar