Sabtu, 25 Juni 2016

MASARAKAT PASISIAN LOBA NU KEUNA TBC

 Ku  :  oma  Eni

Hiji  mangsa  harita  teh tiap  tiap  guru  di wewengkon  pilemburan  di  titah  kumpulan  di  tingkat kecamatan  tempatna   di  SD  Balebat   da  SD  eta  mah  minangkana  SD  nu  panglengkepna  ma'lum  ngaranna  oge  SD  kota  jeun  teuing  kota  kecamatan  oge .

 Tah  lamun  aya  kumpulan  kumpulan  kitu  teh  mitoha  kuring  mah  atoh  nu  aya  sabab  bu  hj  Yayah   (panitia  matok  bagian kosumsi  di  tingkat  kecamatan  ti  Dinas  Pendidikan ) sok  pesen  boh  snackna  boh  sangu   kotakna  teh  pastina  ka  mitoha  .  Ngan  orokaya  jadi  kuring  nu  ripuh  da   bagian  nu  nganteurkeun   kosumsina  ,kituna  mah  da  masih  baraya  keneh  mitoha  jeung  bu hajah  teh  matak  ngalanggan  oge . Padahal  di  wilayah  kecamatan  pasti  aya  katering  mah , jarak   ti  lembur  mitoha ka kecamatan  aya 18 km.

 Meureun  apal  para  saderek  sadayana   ka kuring   utamana  nu  di  wewengkon  tanah  pasundan da  kuring  mah  kedul  teh  ti  jaman  baheula , heuheuydeuh .  Euh ,enya  tah  urang  teruskeun  nya  dongeng  kuring  sanggeus  sagala  sarupatina   beres  kuring  dihudangkeun  ku  nyi  Iteung  pamajikan  kuring
 " Kang  Kabayan  geura  hudang  tuh  geus  beres  , tinggal  nganteurkeun  wungkul  mangkaning  geus  jam  sabelas   waktuna   dahar  beurang "  
 ceuk  nyi  Iteung  bari  ngarurud  sarung  kuring  nu   pake  simbut. Kuniang  kapaksa  kuring  hudang  terus  sibeungeut  leos  nyokot  konci  mobil  kijang,sanggeus  dipanaskeun  sakeudeung  ti garasi , parkir  di buruan  bari  dibuka  panto  tukang .

 Mang Ojot  paciweuh  jeung  bi Cicih  pamajikanana  ngunjalan  nasi  kotak , kuring  ngelepus  udud  di jero  mobil .Sanggeus  beres  terus  mang  Ojot  diuk  gigireun   kuring  teu  kungsi  15  menit  geus  nepi  ka  SD  Balebat  kabeneran  can  istirahat.

 Pangangguran  bari  nungguan  mang  Ojot   nurun  nurunkeun  sangu  kotak  tea  kuring  ngadeukeutan  jandela  kaca  ningali   peserta  nu  keur  pelatihan  ,kadenge    pak  Uday  nyarios ( di sebutna  tutor ceuk  bu haji  mah )  lamun  ceuk  basa  kuring   ma kieu  cenah 
:
 " Yeuh  ibu  sareng  bapak  nu  hadir  ayeuna  komo  nu  bade  pangsiun  kinten  kinten  aya  5  atawa  4  thn  deui  mah  di jamin  seu'eur  nu  tbc "  kitu  cenah  basana.

 "  Mung  untung  ibu  sareng  bapak  gaduh  putra pada  kuliah,  ketang  ayeuna  mah  tong  boro  nu  kuliah  dalah  tingkat   SMP  jeung  SLA  oge  moal  aya  istilah keuna TBC "  pak Uday  neruskeun paparanana. 

Sanggeus  beres  mang Ojot  ngageroan  kuring  ngajak  balik,dius  kuring ngajalankeun  mobil  bari  inget  beuteung  kuring   oge   geus  kukurubukan  peurih  hayang  dahar  eung .
 Di  imah  nyampak  Iyan  si jalu  anak  kuring  sakolana  geus  SMP   keur  nga laptop  di kamarna 

. " Jang  tadi  abah  ka  SD  Balebat  nu  keur  kumpulan  teh  guru2  wungkul ,cenah  guru2  teh  nu  deukeut2  pangsiun  mah  pasti  TBC  enya  kitu  Jang ?"  ceuk  kuring  bari  jeung  angger  si  jalu mah   nyekel  mos  bari  neuteup  layar  monitor 

. "  Abah  ge  sami  aah  pokokna mah  sabumi  ieu  TBC  we ,ambu  mang Ojot  aki  nini  bi Cicih "  basana teh.

 "  Heee  jang  tong  nyingsieunan  ah "  ceuk  kuring  palaur 

. " Leres  pisan  abah,tapi  tong  hariwang  da  teu  bahaya "  si jalu nyenghel  seuri  nyerengeh.

 " Hiis ..... teu  bahaya  kumaha ari  ngomong  teh nu bener  jang "  kuring  paur jeung panasaran

. "Di rorompok  ieu  ngan  Iyan  wungkul nu teu keuna TBC  teh tapi  tenang  we  bah  da TBC  ieu  mah  singkatan   tina  Teu  Bisa Computer ,hehehehe "  si jalu ngaleos  ninggalkeun  kuring 

. " Beduuus ..... sugan teh  heu'euh  panyakit  batuk darah  ,paingan  atuh  pak Uday  ngabahas  eta  tong boro  kuring  saparakanca  dalah   guru nu  di  pasisian  oge  meureun  can paham kana alat  nu  kitu  aya  istilah  enter  , spasi terus  naon  deui  ah  lieur   " 

 Geus  dahar  kuring  ngagoledag  gegelehean  bari  udud 
. Paingan  atuh  basa  eta   aya  UKG  ,   pak Tarsa  pan eta tereh  pangsiun  deui  nilaina cenah dibawah  standar   teuing  ah  kuring  mah  teu  ngarti .
 Cag  ah .

Selengkapnya : http://www.kompasiana.com/eni_kunaenih/masarakat-pasisian-loba-keuna-tbc_551797d781331100699de25e

Sabtu, 18 Juni 2016

SALAH WAE GEUNING ,KURING TEH .

Assalamualaikum niat sim kuring bade ngalereskeun basa Sunda nu garihal ,kirang luyu dina paguneman sok seu'eur kacampuran basa Indonesia .Asa kirang sugema rehna kiwari murangkalih turunan urang Sunda tos  teu arapaleun basa indung .Boroning nu didayeuh dalah nu dilembur ge tos janten kabiasaan basa Indonesia ka murangkalih nya atuh  leungit basa pituin teh ,da komo sim kuring mah Sunda ge sunda Pantura .
Yu urang regepkeun ieu paguneman .

Pamaen :
Dacun
Ihin
Kuyud
Kepsek
Ibu Rin
Ambuna Kuyud
Ambuna Ihin
Ambuna Dacun
Oyon 
Bapana. Kuyud

Ka caritakeun  Aya 3 nonoman namina  Dacun, Ihin, jeung Kuyud. Maranehna aya  di ruang kelas pembuangan, nyaeta kelas barudak  kedul ,euweuh kahayang embung diajar.
Dina hiji poe, rek  dilaksanakan ulangan matematika.

Dacun nyaeta hiji-hijina ti maranehna nu tiluan kasebutna rada pinter, Ihin ngan bisa dina 1 widang kasenian  nya eta ngagitar ari Kuyud  pinangkana ka asup budak nu nurut kana omongan  Indung na.
Sanggeus ulangan peunteun  maranehna salian Dacun budak duaan goreng pisan, Ihin meunang  4,1  Kuyud meunang  3,4..

Dacun : , nyingsieunan " Yeuh maneh duaan pasti bakal di pangloh ,bonggan peunteunna goreng pisan "

Ihin : “Kuring mah geus tuman hehehe, tapi lamun ngagitar  kuring nyongcolang , jigana indung kuring moal ambek meureun ”

Kuyud : “Ari kuring mah naon nu diucapkeun  ku ambu  pasti diturut ”

Ihin :”mun ema maneh  nitah maneh ngadahar  kotoran   daek ?”

Kuyud :” nya asal ema  nitah ngadahar kotoran  pais teri pasti daek  da ngeunah ”

Dacun jeung  Ihin ,molohok .

Teu lila kurunyung  Oyon  murid kelas unggulan nyampeurkeun 

Oyon : “hah 71 ?,ari  maneh 4,3. ieu deui 3,4 ?  peunteun  7,1 teh pangleutikna di kelas kuring mah  yeuh geura tempo peunteun kuring 9,7.”

Ihin :” Naon urusanana jeung maneh ?hah ! “

Oyon : “Cuiiih dasar budak  kelas apkiran!”

Dacun : “hey, naon maksud maneh  nyiduhan ?”

Ihin : “kurang ajar siah  rasakeun ieu !”

Ihin terus  nampiling  Oyon, teu lila aya budak  nu nempo buru buru ngalaporkeun ka kantor  ka  kapala sekolah

Kepsek : “Ihin kunaon maneh  nampiling si Oyon ?”

Oyon : “ Manehna  nampiling  didieu ! (bari nuduhkeun pipina nu geuneuk )”

Ihin : “manehna miheulaan nyiduhan bu”

Dacun :”abdi saksina , Oyon nyiduhan Ihin,  Ihin  jadi ambeki”

Kepsek :”Paling henteu kudu aya 2 saksi ambeh  kuat pangaduan maneh”

Kuyud :”Abdi mah teu ningali nanaon ”

Dacun & Ihin : “ACIIIIN !

Kuyud :”ceuk ema abdi ge abdi mah teu meunang pipilueun

Kepsek :”nya  enggeus Ihin, Ibu rek  bebeja  ka ema  maneh 

Ihin :” karep   maneh  weh lah” ( ngagarendeng )

Kepsek :”ngomong naon maneh ?”

Dacun :”Ihin  teu nyarios  nanaon  bu”

Kepsek :”Jig ayeuna mah maraneh sok kaluar  ti dieu  

Di imah  Ihin.....
Ambuna  Ihin :”naon dedengean ema  teh  bener?”

Ihin :”naon?”

Ambuna  Ihin :”maneh nampiling si Oyon nya ? pedah peunteun ulangan matematika maneh goreng!”

Ihin :”enya, manehna  nyiduhan kuring  ma ! pedah ulangan, kuring mah meureun teu bakat..hehe”

Ambuna Ihin :”maneh tehkudu daek diajar , kelas maneh teh kelas pembuangan, maneh masih males-malesanayeuna  ema rek mapatahan maneh

Ihin: “enya ma

Ambuna  Ihin :”mana nu maneh teu ngarti?”

Ihin :”kabeh ...hihi”

Ambuna  Ihin :”nya  enggeusurang  ngamimitian ti dieu, rumusna  ieu di kalikeunn ieuterus di bagi jeung ieu . hasilna kurang jeung ieu , ngarti ?”

Ihin ngan bisa ngagideugkeun sirahna.estu can kahartieun
Poe harita Ihin di wuruk ku indungna nepi ka sapoe jeput .
Isukna  ema  Ihin, ema Dacun jeung ema  Kuyud patepung  di supermarket  terus ngawangkong

Ema  Dacun :”aduuuh lebar pisan padahal mun  anak abdi meunang  peunteun 7.5 si Dacun  bisa leupas ti kelas pembuangan.”

Ambuna Kuyud:” Pun anak mah komo peunteunna tebih pisan, tapi abdi teu khawatir, muga muga  isuk pageto bisa ngurus perusahaan , anu bakal disanghareupan ku manehna 

Ambuna Ihin :”Pun anak mah  jigana teu bakat  ari uih ti sakola teh gawena ngan nyo'o gitar weh  ,abdi teu terang kedah kumaha  da ari di wuruk mah mani unggal wengi ,keukeuh weh budak teh teu ngarti ngarti wae 

Ambuna Dacun : “Leuwihhademun manehna  meunang  peunteun goreng  atanapi teu ngarti wae di ajarna,anjeun sabetan weh  ambeh kapok!”

Ambuna Kuyud : “mun abdi mah puji weh manehna, ambeh leuwih sumanget”

Ambuna Dacun: ”aya-aya wae anjeun

Ambuna Ihin :” naon ? nyabetan ? abdi teu  tega”

Ambuna Dacun :”bener, lila lila mah manehna  jadi ngarti

Ambuna Ihin :”nya enggeuskuabdi rek coba

Tungtungna  emana  Ihin rek make sara ti  emana  Dacun

Disakola .....

Guru anyar :” barudak, Kenalkeun nami  Ibu Rini, Ibu gaganti Ibu Janah ngajarkeun matematika keur sararea 

Kuyud :”Ku naon Ibu janah dikaluarkeun ?”

Murid-Murid :” ahahahhahaa, dasar si budak nurut, naon indung  maneh  nu nitah ngomong  kitu ?”

Kuyud :”abdi ngan panasaran, ujug-ujug  weh  bu Janah ngaleungit  terus digantikeun”

Ibu Rini:”Anjeunna keur  cuti,salila anjeunna cuti ibu nu ngagantikeun

Kuyud :”ooooh”

Ibu Rini :” Ibu can  nyaho kamampuan sadayana dina palajaran matematika isukan Ibu rek ngayakeun ulangan “

Ihin :”naon?ulangan ? “

Ibu Rini :”enyanaon kitu  aya masalah?”

Dacun :”Ihin ssst , mmm.  teu aya nanaon  bu.”

Samulangna ti  sakola

Ihin :”heh cun, maneh pan pinter MTK, ngke berean  kuring  contekan nya!”

Dacun :”Sok sok waekeur maneh dua'an mah gratis weh

Ihin dan Kuyud :”Sip !”

Diimah Ihin
Ibu Ihin :”Hiinn,maneh geus diajar can ? tong nyo'o  gitar wae maneh teh  “

Ihin :”abdi teu ngartos ambu, teu aya nu mapatahan 

Ibu Ihin :”Tah ayeuna mah ambu rek nya'an, maneh kudu diajar,mun henteu...”

Ihin :”Mun henteu ku naon  ambu?”

Ibu Ihin :”  Beurat hate ambu rek  nyabetan  maneh

Plak ! Rotan disabetkeun  ke leungeun  Ihin kusabab  Ihin teu ngartos-ngartos .

Ihin :”nyeri ambuuuu

Ibu Ihin :”matakna ge maneh kudu bisa!”

PLAK PLAK PLAK PLAK PLAK

Sanggeus remen pisan ngarotanan Ihin, ema  Ihin capeeun jeung sebenerna ambuna teh teu tegaanjeunna gering .isuk poena  Ihin ngarasa teu sumanget disakolana , padahal poe eta rek  ulangan.

Harita pisan dibejaan yen ambuna Ihin boga panykit kanker darah, jeung kudu meunang  donor cangkok sumsum tulang belakang.

Ihin :”Pun biang teu damang wales, pami    anjeunna henteu  nampi cangkok sumsum enggal enggal , yuswana ngan tinggal 3 sasih ”

Dacun :”  Geus aya pendonor nu cocok ncan  ?”

Ihin ngagideugkeun sirahna

Ka 2 budak  :”haaaah”

Barudak jadi tarungkul ..... ujug ujug teh si Kuyud

Kuyud :”tapi aya alusna oge 

Dacun :”naon cing?

Kuyud :”kajeun weh ema maneh maot, jadi maneh teu di rotanan deui

Ihin :”naon ?naon  maneh ngomong?!” Plak

Ihin nampiling Kuyud..kurunyung ujug-ujug bu kepsek datang, anjeunna  nempo  bari  ngagideugkeun  sirahna ningali Ihin keur nampilingan Kuyud..

Kepsek :” tuturkeun Ibu ka kantor,”

Ihin nuturkeun ka kantor  kepsek

Kepsek :”ulangan gorengnampiling Oyon, nampilingan batur sorangan , maneh teh   siswa atawa preman ?”

Ihin :”abdi..abdi ngan ...”

Kepsek:”naon?maneh rek neangan alesan ke ku ibu dilaporkeuka ema maneh ambeh disabetan ku rotan .

Bu Rini :”bu kepsek,ulah kasar  teuing ka si Ihin ,abdi yakin manehna boga alesan sorangan mantak nepi ka kitu teh  

Kepsek :”anjeun ngabelaan deui ?”

Bu Rini :” aa...abdi ngan ....

Ihin :”abdi mah ngahareupkeun ema tiasa cageur  deuijeung ngarotanan abdi deui,  “

Terus Ihin indit
Salian ti eta peunteun ulangan Ihin ngan 5.5 peunteun Dacun 9.1, jeung  Kuyud 4.2

Dacun :”abdi ngartos kaayaan maneh  Hin, maneh bawa weh kertas ulangan abdi terus diganti ku aran na  maneh .

Ihin :”teu nyaholah , kuring henteu yakin”

Kuyud :”atawa maneh ganti weh kertas ulangan kuring ku aran maneh 

Ihin :”Peunteun maneh leuwih goreng ti kuring , bodo”

Kuyud :”Aeh enya nya  hehe”

Ihin:”Kuring balik ti heula  nya”

Terus Ihin indit  ka RS pikeun ngalongok ema na.

Ihin :” Hapunten  maabdi geus  usaha,  ngan ieu nu abdi bisa

Ema Ihin nyekel kertas ulangan jeung  dikeupeul pageuh
Tiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiit ujug-ujug ema Ihin ngulahek kapiuhan ..
Teu lami  Ibu Rini datang..

Ibu Rini :”punten , Hin.”

Ihin :”ema abdi geus .......

Ibu Rini terus mariksa ema Ihin ..
Ibu Rini:”anjeuna masih aya , geroanl dokter!”

Ambuna Ihin terus dipindahkeun ka ruang Intensif...

Ibu Rini :” Ibu rek neangankeun donor sumsum ayeuna pisansabar Ihin”

Ihin:”nuhun  nya  bu, ibu tos seueur  ngabantu abdi’’

Tilu poe sanggeusna RS jadi dipinuhan  ku  jalma nu niat ngadonorkan sumsum maranehanana.

Teu pupuguh bapa. Kuyud ngadaptar

Ihin :”Naha bapa, anjeun  ngadaftarkeun?”

Bapa kuyud :” bener, bapa  hoyong ngabantu ema anjeun 

Suster :” Bapa. Kuyud mangga....”

Bapa. Kuyud : “enya sus’’.

Suster :”Naha leres ieu nomor registrasi anjeun?”

Bapa.Kuyud :”Cobi abdi tingali....mmm jigana ieu lain milik abdi

Bapa. Kuyud : “aya kitu bapa. Kuyud nu lian 

Kuyud:”aya bapak,eta abdi

Ihin :”naon ?maneh yakin?”

Kuyud :”pikeun  tanda hampura abdi Hin”

Ujug-ujug ambuna  Kuyud datang
Ambuna Kuyud :” Kuyuuuud, pan  ema ntos ngomongulah sok milu campur urusan batur 

Kuyud :”sabaraha kali abdi nurutkeun parentah ema ?! sakali ieu mah abdi rek nurutkeun hate sorangan

Bapa. Kuyud :”geus , kajeun manehna boga pamadegan sorangan

Ambuna Kuyud :”nya  enggeus, ari kitu mah 

Akhirna Kuyud di bawa ka ruangan pikeun di cangkokan sumsumna.

Kuyud :”ieu teu  nyeriieu teu nyerii.... aaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa!”

Dacun :” eta pasti sora ngajeritna

Ihin : Maneh bener nuhun Kuyud !”

Cag ah  ( Diropea 19 juni  2016 )