Rabu, 15 Juni 2016

KAHADEAN HARGANA TEU KAUKUR KU BANDA


Rengse sakola. Irwan jeng Daus balik ka imahna nu sewang-sewangan tapi imahna tatanggaan. Daus geus teu tahan terus manehna ki'ih dihandapeun tangkal kai gede.
Daus    : Wan urang rek ki'ih heula  nya geus teu tahan yeuh!
Irwan   : Nya geuwatkeun ke indung urang nyarekan geura da urang balikna telat.!
Daus    : Nya he’eh. rewel pisan indung maneh nya. ha…ha….!
sanggeus kitu Irwan manggih hiji barang di deukeut tangkal buah.
Irwan   : Naon eta nya? rongsokan jigana mah. lumayan pan  ke bisa di jual ka si Daus. hehe!
Sanggeus kitu Daus nyusul ka Irwan.
Daus    : Naon eta? loket? loket saha? dimana maneh manggihna? iraha meunangna? Oh.. maneh maling nya!!!!
Irwan   : Naon si maneh ih . nanyana hiji-hiji geura. Bingung urang ngajawabna! Urang manggih loket didieu. Urang  ge teu nyaho ieu loket saha??. urang muka ge acan!

Daus    : Buka atuh geuwatkeun loketna!
Irwan   : Nya ke sakeudeung!
Irwan jeng Daus          : waaaaaaawh. aya duitna !!
Irwan   : Aya KTP na alias Kartu Tanda Pelajar!
Daus    : Enya. sigana KTP nu boga loket ieu!
Irwan   : Nya alamatna jigana teu jauh tidieu yu urang balikeun!
Daus    : Ulah lah! jang naon dibalikeun ge euweuh untungna jang urang! mending urang pake bae duitna! bagi dua be kumaha?
Irwan   : Embung ah. gelo maneh mah. eta teh dosa! kumaha lamun nu boga dompet keur bingung neangan dompetna?
Daus    : Ngefek emang ka urang!! titah saha taledor? Salahna ieuh! dompet ieu pan geus jadi milik urang jadi pake we duitna!
Irwan   : Enya nya. bagi dua we atuh duitna! hayu balik yu!
Terus Irwan jeung Daus balik ka imahna sewang-sewangan. teu lila Daus datang ka imah Irwan.
Rek ngajak Irwan ulin.
Daus    : Irwan, Irwan ulin yu!
Uswan : Eh aya Daus! lebet de! Irwan na nuju di piwarang bapana ngerjakeun PR heula nembe wios ameng!
Daus    :muhun kang. nuhun nya.
Uswan : Daus bade ngaleueut naon? Ke ku akang pangadamelkeun!
Daus    : Teu kedah kang. ke ngarepotkeun!
Uswan : Henteu. ngan ngadamel cai.  lamun akang piwarang ngerjakeun PR anjeun kakara ngarepotkeun
Daus    : Hahahaha akang mah tiasa bae. Jus stroberi we kang!
Uswan : Oh muhun antosan sakedap nya!
terus datang bapana Irwan ngomong jeung Daus.
Pa Iday     : Eh aya Daus.
Daus    : Muhun mang. Kumaha damang?
Pa Iday     : Alhamdulillah.bade ngajak Irwan ameng nya?
Daus    : Mmm muhun mang. Mang abdi wios naros teu?
Pa Iday     : Wios bade naros naon?
Daus    : Kunaon  Irwan ngerjakeun PR na ayeuna pan wengi ge tiasa!
Pa Iday     : Muhun sih. tapi mun wengi Irwan na sok kaboboan jadina repot we!
Daus    : Oh kitu nya mang. wios lah bade di antosan we atuh sakedap nya!
Pa Iday     : Muhun sok!
Uswan : Daus ieu caina.
Daus    : Muhun kang!
Uswan : Bapa teu kumpulan deui ayeuna ?
Pa Iday     : Eh muhun aduh dugi ka hilap kusabab nyarios jeung Daus bae.
Teu lila.
Daus    : Si Irwan lila pisan ngerjakeun PR na urang  ge ngerjakeun teu satengah-satengah jam acan.
Irwan   : Eh hampura nya lila? PR na loba pisan!
(bari lempang ka buruan  imah)
Daus     : Geus ulah loba alesan ngomong we hese PRna da otak maneh  mah Pentium hiji!
Irwan   : Ah keun bae , masalah kitu jang maneh.
Dihareupeun imah Irwan jeung Daus rek ngabagi duitnu tadi meunang manggih.
Daus    : Geuwat ih lila pisan!
Irwan   : Enya eusina aya 800 rebu mun dibagi dua berarti 400 rebu ewang tapi aya ATM na deui kumaha??
Daus    : Keun we teu penting!
teu lila aya Iding datang ka imah Irwan. (babaturana lanceuk Irwan)
Iding     : Eh aya Irwan jeung Daus. keur naon? biasana mah sok nguseup. eta naon? duiit saha??
 Daus   : Duit abdi!
Iding      : Aah piraku  Maraneh masih leutik keneh. Maenya kolot mere duit saloba kitu! Ku akang rek ditanyakeun ka Usman nya?
Irwan   : Ieu duit meunang manggih di jalan.
Iding      :Tterus kunaon dibagikeun kieu?
Irwan   : Daus nu nitah kang.
Iding      : Kadieu geura nempo (bari mariksa dompet eta) ieu aya Kartu Tanda Pelajar na. kan bisa ditempo alamatna. tuh teu jauh alamatna ti dieu!
Irwan   : Tadi mah bade di balikeun ku Irwan. Tapi cek Daus titah ulah.
Iding      : Geuning kitu? ulah kitu. eta ngarana ngadahar hak batur
Irwan   : Abdi  ge tos nyarios ka Daus tapi cenah salah saha taledor.
Iding      : Kusabab kitu balikeun deui dompetna terus bejaan ulah taledor. jadikeun eta palajaran keur manehna sangkan ulah taledor deui.
Daus    : Hampura  kang abdi hilap.
Irwan   : Yu urang balikeun deui dompetna kanu bogana!
Terus Daus  jeung Irwan datang ka imah nu boga dompet rek malikeun dompetna.
 Daus   : ASSALAMU’ALAIKUM.
Anan   : WAALAIKUMSALLAM. Saha?
Daus    : Leres ieu bumina Anan Nasti
Anan   : Muhun leres aya naon nya? Ieu sahanya?
Irwan   : abdi Irwan ieu rerencangan abdi Daus. Abdi bade ngauihkeun dompet ieu.
Anan   : Dompet ? antosan sakedap bade di cek heula. Mangga lebet!
Anan asup ka kamarna rek mariksa dompetna. Daus jeung Irwan mah diuk bari nitenan eusi imah.
Anan   : Oh muhun dompet abdi ical hatur nuhun tos di uihkeun. aranjeun mah mani bageur!.
Daus    : Ah etamah tos kawajiban abdi.
Irwan   : Nya muhun
Anan   : Sakali deui hatur nuhun nya.
Irwan jeung Daus : Nya. Sami sami!

Sanggeus kitu terus Irwan jeung Daus balik ka imah na masing-masing.
NB : Obrolan jang 6 urang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar