Paket Komplit Ala Si Kabayan
16 Oktober 2012 10:01:00 Dibaca : 228 Komentar : 16 Nilai : 7
Oleh : oma Eni
Geus meunang 3 poe abah Karta ngaringkuk wae dikamar keur teu ngareunah awak, orokaya rek dibawa berobat ka Rumah Sakit basana embung alatan sieun disuntik. Ambu lungse mikiran abah nginum obat hese komo disuntik,abah humaregung jeung rumahuh antukna nu diimah ting hariul pusingeun lian Kabayan nu nyantai ( dasar pikasebeleun )
Ari geus kitu mah tungtungna ambu nyalukan Kabayan harita masih beurang keneh can wayah lohor.
" Kabayan cing pangmanggilkeun dr Posma nya di haturan ku ambu kitu " ceuk ambu ngomongna bari dareuda da eta mangwatirkeun ka abah , Kabayan nu keur ngadangheuak di tepas tengah bari udud keur lalajo tipi jiga nu rada kaleked jung nangtung , ambu ho'okeun ningali Kabayan ngadius make mobil Kijang lain make motor.
Kira2 wayah ashar Kabayan geus datang jeung rabul mawa jelema , turun ti mobil sanggeus uluk salam semah tuluy dariuk di tepas hareup , dr Posma dibawa kakamar ku nyi Iteung titah mariksa abah ,ari Kabayan ditarik ku ambu dibawa katepas tengah terus ditalek
.
" Yeuh Kabayan ari maneh nanaonan atuh mawa jelema leuwih ti hiji nepi ka mang Toham sagala !" Ceuk ambu sorana rada nyeuneu bakat ku ambek
. " Heu'euh kuring ge teu ngarti nanaonan atuh ari silaing mamawa jelema !! " ceuk mang Ojot mairan da ongkoh heran we nu aya titah nyusulan dr Posma ari gurudug 6 jelema.
Kabayan bari diuk nyanghareupeun opieun nu disadiakeun bi Cicih lain ngajawab eeh kalahka cacamuilan ngadahar goreng gemblong jeung nyuruput cikopi
" Engke atuh uing cape keneh tos kukurilingan neang jelema " ceuk Kabayan bari jeung suruput deui nginum cikopi
" Nya heu'euh nu teu kaharti ku kami mah naha atuh mamawa jelema sejen,angot si Arke jeung si Ondoy bari jeung mawa pacul sagala apan kami nitah ngan ngahaturan dr Posma !!! " Ceuk ambu mani kekerot bakat ku jengkel jeung hanjelu,bi Cicih cakah cikih nyuguhan opieun jeung jajaburna keur semah nu ditepas hareup,sanggeus rengse ngopi kakara Kabayan nyarita kieu cenah
:
" Sarerea oge nyaho uing mah jelema kedul hoream bolak balikna nya uing inisiatif tidituna mah mimiti ka imah mang Arke jeung ka si Ondoy tuluy ka ustad Hendi terus lempeng ka lebe Usman tah tidinya nyampeur ka apotek " Sehat " nyampeur mas Flo apotekerna apotek "Sehat " bari sakalian mawa obat2an bari balik langsung nyampeur dr Posma " ceuk Kabayan mani antare nyaritana.
" Heu'euh naon gawena atuh mamawa jelema teh ?? " mang Ojot milu keuheul .
" Hiih nya aya atuh gawena ,meureun saentosna di pariksa ku dr Posma perlu obat tah geus aya mas Flo nu ngaracik obatna ari heg kalah ka nemen antukna nepi ka teu katulungan geus aya ustad Hendi nu ngaji yasinna meureun lebe Usman nu ngurusan boehna ari mang Arke jeung si Ondoy ngagali taneuh kuburan .... tah tugas uing anggeus ari kitu mah "
Kabayan teu euleum2 nyarita kitu teh. Na atuh ambu nu tadi nalek bari nangtung
" Nurus tunjung siah ngomong teh kamalinaan teuing ngarep2 ..........."
can anggeus nyarekan si Kabayan, ambu kaburu ngarumpuyuk kapiuhan hadena mang Ojot rikat nampanan , nyi Iteung kaluar ti kamar bari reuwas ningali ambu kapiuhan
" Kunaon kang , ambu " ceuk nyi Iteung hariweusweus bari ngarampek ambu
. " Duka tah ,ongkoh titah nyarita ari anggeus akang nyarita nya terus kitu " deui2 si Kabayan jiga nu matados pisan ,dr Posma kaluar cenah saur anjeunna abah teu nanaon mung kacapean wungkul jadi perlu istirahat
Bring jelema baralik mang Ojot sasadu ka semah menta di maklum ku kalakuan si Kabayan,bi Cicih jeung nyi Iteung ngurusan ambu , abah mah kulem saentos di parios dr Posma ,ari Kabayan kalahka ka gardu ronda nu teu jauh ti imahna mitohana bari mawa opieun .....
cag ah ..
Selengkapnya : http://www.kompasiana.com/eni_kunaenih/paket-komplit-ala-si-kabayan_55185e6ca33311ae07b6649b
Tidak ada komentar:
Posting Komentar