Ku : oma Eni
Hiji mangsa harita teh tiap tiap guru di wewengkon pilemburan di titah kumpulan di tingkat kecamatan tempatna di SD Balebat da SD eta mah minangkana SD nu panglengkepna ma'lum ngaranna oge SD kota jeun teuing kota kecamatan oge .
Tah lamun aya kumpulan kumpulan kitu teh mitoha kuring mah atoh nu aya sabab bu hj Yayah (panitia matok bagian kosumsi di tingkat kecamatan ti Dinas Pendidikan ) sok pesen boh snackna boh sangu kotakna teh pastina ka mitoha . Ngan orokaya jadi kuring nu ripuh da bagian nu nganteurkeun kosumsina ,kituna mah da masih baraya keneh mitoha jeung bu hajah teh matak ngalanggan oge . Padahal di wilayah kecamatan pasti aya katering mah , jarak ti lembur mitoha ka kecamatan aya 18 km.
Meureun apal para saderek sadayana ka kuring utamana nu di wewengkon tanah pasundan da kuring mah kedul teh ti jaman baheula , heuheuydeuh . Euh ,enya tah urang teruskeun nya dongeng kuring sanggeus sagala sarupatina beres kuring dihudangkeun ku nyi Iteung pamajikan kuring
" Kang Kabayan geura hudang tuh geus beres , tinggal nganteurkeun wungkul mangkaning geus jam sabelas waktuna dahar beurang "
ceuk nyi Iteung bari ngarurud sarung kuring nu pake simbut. Kuniang kapaksa kuring hudang terus sibeungeut leos nyokot konci mobil kijang,sanggeus dipanaskeun sakeudeung ti garasi , parkir di buruan bari dibuka panto tukang .
Mang Ojot paciweuh jeung bi Cicih pamajikanana ngunjalan nasi kotak , kuring ngelepus udud di jero mobil .Sanggeus beres terus mang Ojot diuk gigireun kuring teu kungsi 15 menit geus nepi ka SD Balebat kabeneran can istirahat.
Pangangguran bari nungguan mang Ojot nurun nurunkeun sangu kotak tea kuring ngadeukeutan jandela kaca ningali peserta nu keur pelatihan ,kadenge pak Uday nyarios ( di sebutna tutor ceuk bu haji mah ) lamun ceuk basa kuring ma kieu cenah
:
" Yeuh ibu sareng bapak nu hadir ayeuna komo nu bade pangsiun kinten kinten aya 5 atawa 4 thn deui mah di jamin seu'eur nu tbc " kitu cenah basana.
" Mung untung ibu sareng bapak gaduh putra pada kuliah, ketang ayeuna mah tong boro nu kuliah dalah tingkat SMP jeung SLA oge moal aya istilah keuna TBC " pak Uday neruskeun paparanana.
Sanggeus beres mang Ojot ngageroan kuring ngajak balik,dius kuring ngajalankeun mobil bari inget beuteung kuring oge geus kukurubukan peurih hayang dahar eung .
Di imah nyampak Iyan si jalu anak kuring sakolana geus SMP keur nga laptop di kamarna
. " Jang tadi abah ka SD Balebat nu keur kumpulan teh guru2 wungkul ,cenah guru2 teh nu deukeut2 pangsiun mah pasti TBC enya kitu Jang ?" ceuk kuring bari jeung angger si jalu mah nyekel mos bari neuteup layar monitor
. " Abah ge sami aah pokokna mah sabumi ieu TBC we ,ambu mang Ojot aki nini bi Cicih " basana teh.
" Heee jang tong nyingsieunan ah " ceuk kuring palaur
. " Leres pisan abah,tapi tong hariwang da teu bahaya " si jalu nyenghel seuri nyerengeh.
" Hiis ..... teu bahaya kumaha ari ngomong teh nu bener jang " kuring paur jeung panasaran
. "Di rorompok ieu ngan Iyan wungkul nu teu keuna TBC teh tapi tenang we bah da TBC ieu mah singkatan tina Teu Bisa Computer ,hehehehe " si jalu ngaleos ninggalkeun kuring
. " Beduuus ..... sugan teh heu'euh panyakit batuk darah ,paingan atuh pak Uday ngabahas eta tong boro kuring saparakanca dalah guru nu di pasisian oge meureun can paham kana alat nu kitu aya istilah enter , spasi terus naon deui ah lieur "
Geus dahar kuring ngagoledag gegelehean bari udud
. Paingan atuh basa eta aya UKG , pak Tarsa pan eta tereh pangsiun deui nilaina cenah dibawah standar teuing ah kuring mah teu ngarti .
Cag ah .
Selengkapnya : http://www.kompasiana.com/eni_kunaenih/masarakat-pasisian-loba-keuna-tbc_551797d781331100699de25e
Tidak ada komentar:
Posting Komentar