Jumat, 09 September 2016

Nineung Ka Incu

Harita teh poe Minggu kuring  lalajo tv  dibaturan ku incu  ,manehna teh bari ngelapan sapatu  jang isukan sakola poe senen . Geus beres sok ditunda di rak sapatu ari sugan teh ngagalehe di pangkuan kuring teu lila ceg nyokot sapatu lanceukna  terus dielapan jiga nu manehna tadi .
" Euleuh  ku daekan geuning nu geulis teh kangeunahan atuh de ,tetehna "  ceuk kuring bari imut ngagalenyu.
" Ah da Queen mah nuju ngumpulkeun pahala ,oma " bari angger ngelapan sapatu lanceukna .
Duuh ,ieu hate mani kagagas  budak umur 6 taun geus bijaksana ngawalonna asa kasindir ku budak samenel .Dina sejen waktu Queen kungsi ngomong kieu cenah  " Oma pan gaduh hutang ka Queen sarebu lima ratus wioslah tong bayar ,itung itung kangge bekel engke di kuburan "  MasyaAllah ieu budak mani jero ngomongna .
" Euh kitu nya geulis nuhun nya ,dasar budak solehah " celengok dicium tarangna ku kuring .
Ayeuna tinggal nineungna  da minggu kamari diunjal ku indung bapana nyaeta anak kuring jeung minantu.
Barudak teh pindah sakolana di Bekasi kumpul deui jeung kolotna ,hanas pasang AC naha make ujug ujug pindah lebar ditinggalkeun ACna ,hehe.
" Keun wae mah pan ari pere Ena jeung barudak di mamah ,komo dd Sunan mah dines nu tiis tiis teh " ceuk anak  kuring .
Enya  Sunan lamun teu aya kipas teu bisa tibra sarena guling gasah teu anteng hariwang ningalina oge ..Kuring mah teu pati dines dines teuing sare make ac malah lamun sare teu make kaos kaki  asa teu puguh atuda tuman,hehe
Barang pajauh jeung incu, mani sono hoyong pajonghok pisan hanjakal pere bagi raport lila keneh ,hadena we kaubaran ku sering teleponan,Mending we ngadeng sorana oge geus bungah ieu hate, kuring sok ngaheureuyan " Teteh hayu urang ka senenan "
" Iih  oma tebih ayeuna mah pan tetehna oge di Bekasi " sora di beh ditu nembalanana serieus.
Kuring seuri  ngabarakatak " Euleuh mani serieus teteh Putri ,nya muhun atuh ayeuna mah tebih geulis "
Ari Senenan teh nya eta poe pasar  dilembur kuring aya pasar dadakan saminggu sakali dina poe Minggu sore mantak disebutna Senenan .Tah barudak sok ngalabring pang pang na mah meuli jajanan atawa dahareun .Putri jeung Queen sok miluan bareng jeung dulur dulurna  da caket ti rorompok mapah ge  teu lami  tempatna diparapatan desa Gempol ka kaler.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar