Minggu, 18 September 2016

Ngala Buah Sukun

Kamari basa poe Minggu  kuring isuk isuk  ka buruan tukang ningali  buah sukun ,Alhamdulillah geuning leubeut .Biasana na mah sok murag wae teu ari nepi ka kolot ayeuna mah tutug geus karolot ,ari geus kolot mah rasana oge nya rada amis jeung pulen. Kabeneran kuring meuli cangkokanna barang ti asal melak teu kungsi 3 taun buahan jeung buahna teh galede .Tah kamari mah teuing panen nu kasabaraha tapi da angger we galede jiga samangka ku kuring ditawarkeun ka mang Salim.
" Mang  sok atuh borong buah Sukunna " ceuk kuring ka mang Salim anu kabeneran liwat digeroan titah ampir .Mang Salim teh kasarna mah calo ,calo naon we lamun dibeuli ku manehna teu lila geus pindah leungeun nu penting mah untung kajeun saeutik ge ,mantak ge payu wae .
" Sabaraha bu hijina " ceuk mang Salim bari nempoan buah Sukun nu geus ngagunduk  diburuan tukang.
" Ah ieu mah disaruakeun we ,hargana 4 rebu tong nawar deui mang geus murah " ceuk kuring.
" Euh ,kitu nya embohan atuh bu " ceuk mang Salim
" Enya ,sok atuh itung aya sabaraha kabehna " ceuk kuring .
Mang Salim keur ngitung sukun ,kurunyung Tati datang  " Ma agehan kuring 5 siki mah "
" Meuli we ka mang Salim atuh Tat ,da geus dibajong kabeh  engke embohna ti ema" ceuk kuring .
" Mang uing meuli 5 siki sabaraha ,ceuk Tati ,manehna teh dagang wuduk jeung gorengan ari isuk.
" Lamun milih 5 rebu hijina ,lamun dicokotkeun 4 rebu 5 ratus nu mana Tat ? " mang Salim nalek .
" Ah uing mah milih wae " ceuk Tati bari milihan bari sok mikeun duitna ka mang salim .
" Laris ....laris tanjung kimpul dagangan habis duit kumpul " mang Salim nampanan duit ti Tati tuluy di gebrag gebrag keun ka gundukan Sukun .Sanggeus rengse ngawadahan sukun dina karanjang kusiwel mang Salim mere duit ka kuring 200 rebu  ,terus kuring mere emboh 5 siki  anu barokeng kulitna da jero na mah alus keneh bakat ku geus kolot ,ngeunahna kudu di inepkeun heula sapoe mah ambeh pedo ,hehe.
Karak boga satangkal lumayan seubeuh ngadahar jaba meunang duit ongkoh ,Alhamdulillah .

Cag heula ah 
Gempol 19 September 2016
ku : oma Eni

Tidak ada komentar:

Posting Komentar