Sabtu, 24 September 2016

Melak Kacang Su'uk

Isuk isuk  kuring geus disampeur ku Darmi ,Kuni'ah ,Rawinah jeung Warsinah bring arindit rek ka imahna neng Rania da kamari basa poe Sabtu balik ti sakola geus badami yen neng Rania rek ngajak urang titah mantuan abah Wira rek melak kacang su'uk.
Abah wira teh akina neng Rania di lembur kuring mah ka asup jelema jegud ,bro di juru bro di panto teh nya'an lain bobodoan jeung bageur deuih mantak loba nu resepeun ka abah Wira mah .
Neng Rania na oge bageur ,kuring sabatur batur remen diajak ulin ka imah akina ,balikna sok dibahanan dahareun atawa bubuahan kumaha usumna we .
Nepi ka imah neng Rania geuning manehna geus calangeu nungguan ditepas imah .
Neng Rania : " Sugan teh poho ,moal daratang yeuh "
Darmi          : " Rugi atuh lamun teu datang mah nya euy " bari seuri .
Sarerea        : " Puguh atuuuh " mani rampak  bari sareuri .
Neng Rania  : " Hayu atuh ,bisi kaburu panas " bring sarerea arindit muru ka kebon abah Wira .
Ari nepi ka kebon teh geuning geus pada prung jelema karolot mah keur melakan kacang su'uk mani soson soson. Kuring jeung Warsinah pasanganna da melak kacang su'uk mah kudu dua'an dua'an nu hiji nyocogkeun kayu nu tungtungna lancip terus nu hijina ngasupkeun siki kacang 2 siki terus diarug deui taneuhna ,da bibit kacang na mah geus meunang milihan jadi tinggal ngurusna bae nu bener boh ngipukna boh nyiramannana miceunan jukutna jeung sajabana..
Teu lila  ma Icih gegeroan ningali nu marelak kacang geus rengse ,geus kukumbah leungeun bring sarerea nyampeurkeun ma Icih .Nyampak dihandapeun tangkal buah geus ngampar samak bari jeung pinuh ku dahareun ,sangu dina boboko gede  terus aya sambel dina rantang jaba lalab lalaban na kumplit aya peuteuy kulub ,bonteng,terong apel ,kacang panjang ,kulub daun sampeu ,tespong sanyiru ,goreng tempe ,tahu jeung sabaskom  sedeng ,pais lauk emas sabaskom gede terus cai jang nginum 2 teko gede.
Prung sarerea dalahar mani ponyo pisan ka asup rombongan kuring nu kaitung barudak keneh daharna teu make piring makena daun cau batu ,duuuh nikmatna .
Jam 11 beurang pagawean melak su'uk geus rengse ,ma Icih memeres urut dalahar tadi dibantuan ku ma Iroh .Kuring sabatur batur teu langsung balik ampir heula ka imah neng Rania rek ulinan anjang anjangan da neng Rania mah parabot kaulinanna loba .Komo boneka barbie mah imahna, parabot imahna sarta bajuna mani ho'okeun nu nempo model kuring jeung sabatur batur .
Teu karasa deui asa sakeudeung barang ngadenge azan lohor kuring jeung babaturan pamitan ka neng Rania.
Neng Rania  :" Nuhun nya luur tadi geus ngabantuan melak kacang  " bari mukakeun panto gerbang imahna
Kuring          : " Sami urang ge nuhun pisan tos dibere dahar mani ponyo ,hehe "
Warsinah         : " Enyaaa mani ponyo pisan ,ayeuna ge masih wareg keneh " bari seuri
Kuni'ah        : " Kade ah bilih abah rek melak samangka  bejaan deui nya neng " mairan bari seuri
Rawinah      : " Pasti atuh Kun  piraku Neng Rania hilap mah ngabejaan urang  " bari ngiceupan ka kuring .
Neng Rania : " Nya moal atuh lur piraku sobat sobat kuring rek diliwat ari dina  urusan balakecrakan mah ,heu heu heu ,lain ngusir yeuh bisi telat sholat lohorna nya "
Sarerea      : " Salamualaikuuummm " rampak  bari gugupay ngadadahan nu boga imah .
Neng Rania  : " Walaikum salam "
Neng Rania nutupkeun panto gerbang imah tuluy asup ka imahna ,buru buru nyokot cai wudhu rengse sholat terus ngagelehe ditempat sare teu lila reup peureum sare beurang mani tibra .

Cag heula
Gempol ,25 September 2016
Ku : oma Eni

Tidak ada komentar:

Posting Komentar