Sabtu, 23 Juli 2016

SADAR KU SORANGAN


Kacaritakeun aya barudak anu resep, basa gaul na mah ngefans ka artis korea,eta artis teh arek konser di indonesia ,manehna hayang lalajo eta konser tapi teu boga duit jeung deui  manehna arek nyanghareupan ujian..
Kacaritakeun di sakola : :)

Bu guru : kade barudak ulah poho nya  ayeuna mah kudu ngapalkeun,eureunan heula ngoprek hape,pikiran tah arek ujian 2 bulan deui..

    barudak :  Muhuuun  buuuu... !!!
    Bu guru : ulah kawas si Riha tah pagaweana teh malaweung wae,nya Riha?? Riha (bari di alungan kertas)
    Hartini :  Riha.... (bari nepak si Riha)
    Riha : ( reuwaseun),naon buu?
    Bu guru :Teu,geus  ah  ayeuna mah bagean istirahat,kade ulah poho eureunan tah  ulinan hape teh nya !!
                            assalamualaikum ...........
   Barudak : wa'alaikum salam.....
      
Keur istirahat si Riha mah di jero kelas bari malaweung,jebul si Hartini nyampeurkeun si Riha,,
  Hartini  : Riha ari maneh ku naon atuh malaweung wae??
  Riha : Keur galau urang teh Tin hayang apal mah...
 Hartini : hhahahay ,, neng Riha galau cenah,ku naon atuh neng Riha ?
Riha :  Hayang nonton konser urang teh Tin,ngan masalahna teu boga duit.
Hartini :  ampun ari maneh sugan teh galau ku naon...yeuh Riha ceuk bu Nunung oge ayeuna mah kudu miheulakeun heula di ajar jang engke ujian ulah mikiran nu sejen komo deui nonton konser,,
Riha : Ahh...gandenglah da maneh mah moal ngarti... !!
Hartini : Iiih  biasa wae  atuh da  urang mah ngan ngabejaan wungkul.
Riha : Nya dukung atuh ka hayang urang teh,,, (indit bari ngagebragkeun meja)
Hartini : iiih emang salah kitu urang ngomong  teh..

      Saeunggeusna sakola Riha balik ka imah.
Riha : assalamualaikum...
Ema : waalaikumsalam,,, kunaon maneh Riha..?
Riha : ema ..ayeuna mah duit jang jajan Riha teh tambahan nya !!!
Ema : emang kunaon tuh hayang di tambahan ...??
Riha : atuh daa... Riha teh hayang ngumpulkeun duit jang nonton konser..
Ema : ari maneh Riha sugan teh jang nabung...
Riha : iih kunaon sih mani euweuh anu ngadukung pisan kahayang Riha teh,teu babaturan,teu indung
Ema : lain teu hayang ngadukung Riha ,da ari ngaran nonton konser teh kudu boga duit gede,, atuh ari ema duit timana?
Riha : nya ma nya tambahan..??
Ema : moal Riha ,ema mah arek nambahan mun Riha diajar ngapalkeun jang ujian,,
Riha : enya ma Riha janji bakal rajin di ajar ....
Ema : laaaahhh ... (bari indit)
Riha : iiih saruana pisan

    isukna di sakola

Hartini ; Riha ,nggeus can pr
Riha : can ,baelahhh
Hartini : iikh maneh riha anyeuna mah jadi kedul kitu..pasti masih mikiran konsernya ?riha ayeuna mah pikiran ujian we heula anu sakeudeung deui,konser mah lila keneh kan ...??
Riha : dua bulanan deui lamun teu salah mah ,yeuh tin hayang apal mah poe ayeuna urang teh masih galau keneh mikiran kumaha carana meunang duit gede salila 2 bulan jang nonton konser tapi urang gen mikiran jang ujian oge,jadi pusing sabenerna mah...tapi lamun di pikiran deui moal mungkin salila dua bulan langsung meunang duit loba.ayeuna mah arek mikiran ujian heula.
Hartini : tah kitu Riha ,da ari lalajo konser mah kalah miceunan duit wungkul.
Riha : nya ayeuna mah arek konsen kana di ajar heula jang ujian tapi tetep heneg keneh teu bisa nonton...


Tungtungna mah si Riha sadar di ajar jang ujian leuwih penting tibatan mikiran lalajo konser..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar