Fadli, Ikbal, sarta Sukamto: Assalamualaikum ...
Indah :: Waalaikumsalam ....kumaha daramang ?
Fadli, Ikbal & Sukamto: Alhamdulillah, pangesto sadayana
Sukamto: Oh enya, urang ningali ti katebihan teh Indah jiga nu riweuh. ,emang riweuh ku naon kitu?
Ikbal: Enya, di talingakeun teh ku urang Indah mani riweuh.
Indah :: Oh ... ieu mah da keur ngabersihan imah jeung pakarangan ..
Fadli: Naon-wae anu dibersihan,Ndah ?
Indah :: Mimiti , kuring ngepel kamar, saperti :ruang keluarga, pangkeng jeung rohangan dapur.
Fadli: Oh enya, Indah ...di buruan tukang imah ningali teh loba runtahna ,eta ge rek diberesihan ?
Indah : Pasti atuh. Sabab baris loba reungit jeung sayangna Lamun urang mindeng digegel ku reungit sarua yen urang bakal keuna ku panyakit DBD.
Ikbal: Naon ngaran reungitna, jeung naon hartina DBD ?
Indah : Ayeuna ku Indah di jelaskeun. ngaran reungit ieu téh disebut oge aides aighepty asalna ti Latin. lamun nyedot getih urang, urangna jadi muriang nyaéta demam berdarah. lamun parna bisa ngakibatkeun maot
Sukamto: Jadi, ambeh tong katepaan, urang kudu kumaha atuh ?
Indah :: Tah Patarosan nu alus. Kumaha pikeun nyegah eta: 1. Utamana pikeun nu boga bak mandi kudu di kuras unggal poe, 2. Pikeun jalma anu miboga solokan di hareupeun imah nya sok dibersihan jeung 3. Lamun di imah urang aya kaléng nu geus teu kapake , jieun pot keur pepelakan atawa dikubur. Tapi ari teu kapake jadi runtah alusna mah di beuleum wae.
Ikbal: Oh enya, Indah, naha atuh urang kudu bebersih nepi ka riweuh jeung cape.
Indah : Astaghfirullah ...... .. , Fadli maneh mah sakitu geus di écéskeun yén Kabersihan teh pangkal Kasehatan
Sukamto: Dasar si Fadli mah budak kedul , Indah
Indah, Ikbal & Sukamto: Ha ... ha ... ha ... ha ...
Ikbal: Sigana mah urang kudu balik yeuh, sabab waktuna geus sore.
fadli: Oh enya, Indah.
Sukamto: Urang teruskeun wae isukan di sakola ngeunaan nu tadi Oh enya, nuhun nya, geus nerangkeun ngeunaan kebersihan pangkal Kaséhatan
Indah Oh enya, sami sami ...
Fadli, Ikbal & Sukamto: Nya atos atuh... Assalamualaikum ...
Indah : Waalaikumsalam ....
Bilih bade kopy paste mangga mung tong hilap cantumkeun sumber blogna ,nuhun ah ^_^
Tidak ada komentar:
Posting Komentar