Jumat, 21 Oktober 2016

Kuburan

KUBURAN
(Trisna Mansyur)
Karangan : Budi Rahayu Tamsyah

Kajurung ku tos tilu dinten teu kaparaban sangu, Aki Uki ngalampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit.
“Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui kadieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun.
“Saban Aki kadieu, kaleresan aya wéh tuangeun. Iraha kaleresan teu ayana, Dén?” saur Aki Uki sabari ngalémétan réméh. Nu dialem akon-akon teu ngadangu. Kalah tumaros.
“Aya naon, Ki? Tambihan deui?”
“Tos cekap, Dén,” saur Aki Uki. “Biasa wé Dén, Aki téh peryogi padamelan. Da kedah neda geuning Aki téh yeuh!”
“Ki, kanggo nyaliraeun mah, k adieu wé. Teu kedah barangdamel sagala.”
“Sanés nampik kana pangangken, Radén. Aki mah hoyong kénging ngésang wé.”
“Teu langkung Aki, upami kitu mah. Padamelan naon, nya? Euh, itu wé, Ki, kuburan téa kali deui. Teu aya nu sanés deui mah!”
“Kulan?” saur Aki Uki héran.
“Kieu, Ki, riwayatna téh. Kapungkung waktos Aki ngali nu ngawitan, éta téh saparantos andi kinging katerangan ti hiji ustad yén urang téh salamina kedah émut kana maot. Di antawisna nyadiakeun kuburan. Lajeng abdi miwarang Aki ngali éta lombang.”
“Muhun, Dén, nanging ku Adén éta lombang téh kedah disaeur deui.”
“Leres, Ki. Dumasar katerangan ustad sanés deui. Saurna, kirang saé sasadiaan kuburan anggoeun nyalira. Jalaran, can tangtos tempatna pimaoteun téh. Boa di tempat nu tebih ti kuburan anu disayagikeun. Apan mubadir. Ayeuna, éta lombang téh kedah dikali deui, éta gé nurutkeun katerangan. Saur ustad nu katilu mah, teu sawios-wios urng sasadiaan lombang kanggo kuburan urang nyalira, sok sanaos engkéna teu kaanggo ku urang gé. Étang-etang midamel amal soléh wé kanggo nu sanés.”
Badé ngartos, bade heunteu, Aki Uki pinasti mios ka pamakaman kaluarga Dén Haji, ngabantun pacul, linggis sareng singkup. Dibekelan cai sabotol sareng tedaeun, kénging Nyi Onih, réncang pribumi.
Di dinya téh seueur kuburan. Sadayana ditémbok, dilapisan keramik. Dina nisan handapeun samoja nu kembangna ngabarak, kaaos “Nyi Rd. Mayangsari”, “Rd. H. Mugni”, “Rd. Aom Tirtaningrat, S.H.,M.B.A.”, “Rd. Ir. Suryaningbuana, M.Sc.”, “Nyi Mas Soléhah”.
Dupi lombang nu diancongkeun kanggo kuburan Rd. H. Darmawan, sisi palih wétan gédéngeun makam ibuna. Numutkeun pangemut Aki Uki, di dieu, jaganing géto, baris aya nisan nu dinamian “Rd. H. Darmawan”. Terah ménak nu kayungyun ku béréhanana. Adatna resep nulung kanu butuh, nalang nu susah. Nanging duka iraha pupusna. Katinggalna salira jagjag waringkas kénéh. Kiat kénéh badminton mayunan nu anom, bari arang kawon.
Aki Uki ras kana dirina nyalira, jalmi cacah kuricakan. Tangtos kuburanana boro-boro nganggo nisan tina marmer kanggo nyerat namina, moal ditémbok-témbok acan. Namina paling gé diserat dina tutunggul tina papan albasiah nu gancang séép dihakan rinyuh. Cétna tina tér sésa.
Barang hadé prak ngulangkeun pacul, Aki Uki téh rada muringkak bulu punduk, margi kakuping sora uncuing. Duka di palebah mana eunteupna. Tambih murinding, ditoél tiisna angina. Asa ditoél ramo mayit. Duka pedah salirana nuju rada panas tiris tilas sababaraha dinten ukur neda kulub hui sareng sampeu. Atanapi pédah ku kabawa kaayaan di pamakaman nu teu aya réncang, keueung.
Waktos ngali nu ngawitan mah dugi ka aya samingguna. Taneuh teuas kénéh. Ayeuna mah rada bear. Pacul tiasa keneh mebes dipancongkeun téh.
Mung tanaga teu aya pisan. Nembé sakecruk dua kecruk tos cape. Naming Aki Uki gaduh tékad gilig pisan. Kedah bérés ba’da lohor. Bade mintonkeun ka Dén Haji, yén dirina, Si Tarjuki, nu keur ngorana bisa maratkeun macul sakotak dina sabedug téh, ayeuna bedas kénéh. Atuh capé téh teu diraos. Bes linggis, kecruk pacul. Sodok singkup. Silih ganti. Cikaringetna luut-léét maseuhan sakujur salirana lir nu dibanjur baé. Untung ngabantun bekel. Unggal lirén, unggal belewek opieun, sareng regot cai. Nanging tanaga asa teu nambihan.
Taneuh nu dikeduk beuki luhur, lombang beuki jero. Tanaga kedah tambih ageung supados taneuh nu dikaluhurkeun teu urug deui ka handap. Ku dikeureuyeuh mah, panyaeuran dina lombang téh kakeduk sadayana. Orokaya tanaga teu nyésa pisan. Aki Uki ngaraos lunges, dugi ka teu tiasa hanjat gé. Nya reureuh bari ngumpulkeun duei tanaga. Ngalungsar dina lombang. Nyarandé kana taneuh Beulah kalér. Ni’mat padamelan tiasa réngsé. Di luhur angiin ngahiliwir, ngyagkeun dangdaunan. Incuing angger disada. Asa dipépéndé, reup wéh Aki Uki kulem kapulesan.
Bada lohor Nyi Onih nganteuran ka kuburan. Luak-lieuk teu katinggali Aku Uki. Barang nempo kana lombang, puguh wé reuwas kacida. Katinggali Aki Uki ngajoprak nyangirah ngalér. Disidik-sidik tétéla teu ngarénghap.
Dén Haji Darmawan teu seueur nimbang itu ieu. Layon Aki Uki dipulasara sapertos kaluargana nyalira. Malih dikurebkeunana gé dina lombang nu dicawiskeun kanggo kuburan salirana. Malih tos diniatan, sabada natusan, kuburan Aki Uki téh badé di témbok dilapisan keramik. Nisanna tina marmer dipahat name “Radén Tarjuki, M.Si. bin Radén Anu. Lahir ping sakitu. Wafat ping sakitu”

*tamat*

Nguseup


Ku : Mamat Sasmita

Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, néangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibébérés, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana.
Poé ieu rék nguseup, rék mopohokeun karudet sapopoé. Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk gedé.

Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut, didempét ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disoléndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit. Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.
Séak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.
Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.
Lauk béak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahégak capé. Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai.
Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri.
Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Bis baé leupas.
Lauk ngoléab deui. Kek ditéwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.
Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup kang Sabri.
Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun..
Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.

Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.
Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sabri ngarérét. Enya buncir lauk téh, keur endogan, téréh megar.
Mun ieu lauk diala, digoréng, dicobék make sambel jahé atawa dipésmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok céngék, seuhah, ni’mat kabina-bina.
Tapi saha nu rék masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapaménta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng méré nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.
Kang Sabri, lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagawé nagri. Mun pasosoré ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak téh, teu risi tatanya, pinter budak téh da teu weléh réngking di sakolana. Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur. Keur kang Sabri mah resep wé ngajar ka barudak téh, da éta mah geus tugasna, prédikat guru téh teu leupas najan teu keur di sakola, dimana baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.
Ayeuna gé nguseup téh pédah wé keur poé peré, rék balik ka lemburna rada hororéam ma’lum ahir bulan, boga bekel téh ukur cukup keur dahar.

Lauk kokoléaban dina koja, enya gedé lauk téh, mun dijual bakal payu meureun dua puluh rébu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poéeun. Lauk diteuteup, buncir pisan.
Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.
Lauk engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur ni’mat saharita. Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu galedé bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur méré pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make sétrum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.

Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoréng garing dicocolkeun kana sambel jahé, bakal ni’mat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung. Kang Sabri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok dibagéakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.
Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan “Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manéh nepi ka gedé. Bulan hareup uing rék nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manéh téh kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh kudu nyantok deui eupan kami” kang Sabri nyebut leungli téh pédah inget kana dongéng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.
Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?”.
Ari dilieuk sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sabri ngajar.
“Eu..sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan”.
“Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun”.
Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mérésan koja. Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.
“Muhun mang, engké upami kénging deui” ukur kitu omong kang Sabri.
“Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup téh. Éta emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina télévisi, geuning upami tos kénging téh laukna sok teras dileupaskeun deui”
“Bénten paniatan kumaha mang?”
“Ari emang mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup téh kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik nya sok digoréng wé kanggo réncang sangu. Ari niat jang guru mah panginten nguseup téh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanés udagan. Suka bungah téh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang dahar, balakécrakan dahar lauk”.
Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.
Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.

Sabulan ti harita dina mangsa poé peré, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibébérés, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk gedé, mun meunang, laukna rék dibikeun ka mang Kanta.
Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan.
Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.
Cék sawaréh nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh. Cék sawaréh nguseup téh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri. Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak mang Kanta balakécrakan.
Méh tengah poé, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyéng-benyéng kenur.
Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik kénéh sagedé-gedé cinggir budak.
Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.
Subhanalloh cék kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing, lauk ukur engap-engapan.
“Ieu téh manéh leungli?” kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.
Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.
Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.
Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.
“Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu walungan” kang Sabri ngaharéwos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo. Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik kénéh.
Kang Sabri bébérés, kenur digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik.
*tamat*