Selasa, 29 November 2016

Mapag Sasih Desember

Euleuh  euleuh  mani kamalinaan teu ngalongok  blog meh sabulan teu karaos deui ayeuna tos bade se'ep sasih, sadinten deui teh sasih Desember  ,hehe ..... hampura  atuda kuring mah sok  kumat adat males teh . Ari keur sumanget hayooh ngeusian blog ku carpon meunang ngulik sorangan atanapi meunang copas ti blog nu sanes ,hehe .
Kiwari kuring keur nulis carnyam di blog Kompasiana ,ringkesna mah nu jadi lalakon teh nyaeta wanoja ngaranna Lala ,ti leuleutik budak teh geus dipiara ku lain indung bapana jeung pindah pindah nu ngasuh .Geura urang titenan ti orok nepi ka umur 4 taun diasuh ku ema Titin tah ku keluarga eta mani diheman pisan da ema Titin gaduh anak 3 lalaki sadayana barang Lala budak geulis jeung pikalucueun mantak resep nu ningali .
Lajeng ti umur 4 taun disuhunkeun ku abah Wiro bade diasuh ku anjeunna sareng eyang uti bojona nu linggihna di gunung  . Tah didinya mah Lala digembleng lahir batin dididik budi pekerti ,elmu bela diri ,ibadah,obat obatan herbal, sareng kuliner ti karaton salian ngarawat diri ,pokokna mah Lala teh janten istri binangkit sareng jawara .
Ayeuna nuju ngareka serial nu ka 6 pami teu lepat mah judulna "Gembong Preman Insyaf " bade dipublishkeun engke mapag bulan Desember .
Sasih Desember mah masih usum hujan keneh jigana mah ,tapi kuring mah atoh eta we pedah keur melak cau .Tah lamun ngabahas cau ,ieu cau lain cau nu biasa ieu mah ceuk kuring mah cau teh nya'an spesial pisan .Atuda buahna teh amis ,pulen  jaba seungit jeung kulitna kandel  jaba lintuh jadi kuring hayang melak tangkalna ,harita teh bi Neneng nganteuran sasikat .
" Euleuh bi geuning ieu cau teh mani alus pisan ,nya gede lintuh jeung pulen tur amis ,seungit deuih ,menta atuh sakalian bibitna jang melak di tukang imah " ceuk kuring bari nyerengeh.
" Muhun wa ngke pami usum hujan dipasihan nu luhurna ukuran 1 meter " harita ceuk bi Neneng.
Tah mantak lamun ayeuna sering hujan kuring atoh sabab tangkal cau eta bakal jadi da lamun ku cihujan mah pepelakan sok subur .Euh enya eta cau teh asalna ti anakna Bi Neneng  di Cipeundeuy ,harita ulin ari balik di bawaan bibit sugan teh bibit kembang jadi mang Sukari teh melakna diburuan hareup imah  .Atuda harita bibitna sagede jempol suku  na ari jadi lila lila geuning tangkal cau .
Terus kuring oge melak sereh  di buruan hareup  ngajejer rapih di jero pager nya Alhamdulillah  kulantaran sering diguyur ku hujan ayeuna teh tos garomplok mantak resep ningalina..
Jadi mapag sasih desember pepelakan kuring  nu anyar nya eta cau cenah mah aranna cau naga mas duh mani alus nya ,ah naon baelah aranna nu penting mah jadi terus buahna landung ,aamiin. Jeung nu ka 2 nya eta sereh eta oge penting da kuring mah dines pisan ari masak make sereh teh ,hehe
Cag heula ah  ,wilujeng luurrrrr

Jumat, 21 Oktober 2016

Kuburan

KUBURAN
(Trisna Mansyur)
Karangan : Budi Rahayu Tamsyah

Kajurung ku tos tilu dinten teu kaparaban sangu, Aki Uki ngalampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit.
“Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui kadieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun.
“Saban Aki kadieu, kaleresan aya wéh tuangeun. Iraha kaleresan teu ayana, Dén?” saur Aki Uki sabari ngalémétan réméh. Nu dialem akon-akon teu ngadangu. Kalah tumaros.
“Aya naon, Ki? Tambihan deui?”
“Tos cekap, Dén,” saur Aki Uki. “Biasa wé Dén, Aki téh peryogi padamelan. Da kedah neda geuning Aki téh yeuh!”
“Ki, kanggo nyaliraeun mah, k adieu wé. Teu kedah barangdamel sagala.”
“Sanés nampik kana pangangken, Radén. Aki mah hoyong kénging ngésang wé.”
“Teu langkung Aki, upami kitu mah. Padamelan naon, nya? Euh, itu wé, Ki, kuburan téa kali deui. Teu aya nu sanés deui mah!”
“Kulan?” saur Aki Uki héran.
“Kieu, Ki, riwayatna téh. Kapungkung waktos Aki ngali nu ngawitan, éta téh saparantos andi kinging katerangan ti hiji ustad yén urang téh salamina kedah émut kana maot. Di antawisna nyadiakeun kuburan. Lajeng abdi miwarang Aki ngali éta lombang.”
“Muhun, Dén, nanging ku Adén éta lombang téh kedah disaeur deui.”
“Leres, Ki. Dumasar katerangan ustad sanés deui. Saurna, kirang saé sasadiaan kuburan anggoeun nyalira. Jalaran, can tangtos tempatna pimaoteun téh. Boa di tempat nu tebih ti kuburan anu disayagikeun. Apan mubadir. Ayeuna, éta lombang téh kedah dikali deui, éta gé nurutkeun katerangan. Saur ustad nu katilu mah, teu sawios-wios urng sasadiaan lombang kanggo kuburan urang nyalira, sok sanaos engkéna teu kaanggo ku urang gé. Étang-etang midamel amal soléh wé kanggo nu sanés.”
Badé ngartos, bade heunteu, Aki Uki pinasti mios ka pamakaman kaluarga Dén Haji, ngabantun pacul, linggis sareng singkup. Dibekelan cai sabotol sareng tedaeun, kénging Nyi Onih, réncang pribumi.
Di dinya téh seueur kuburan. Sadayana ditémbok, dilapisan keramik. Dina nisan handapeun samoja nu kembangna ngabarak, kaaos “Nyi Rd. Mayangsari”, “Rd. H. Mugni”, “Rd. Aom Tirtaningrat, S.H.,M.B.A.”, “Rd. Ir. Suryaningbuana, M.Sc.”, “Nyi Mas Soléhah”.
Dupi lombang nu diancongkeun kanggo kuburan Rd. H. Darmawan, sisi palih wétan gédéngeun makam ibuna. Numutkeun pangemut Aki Uki, di dieu, jaganing géto, baris aya nisan nu dinamian “Rd. H. Darmawan”. Terah ménak nu kayungyun ku béréhanana. Adatna resep nulung kanu butuh, nalang nu susah. Nanging duka iraha pupusna. Katinggalna salira jagjag waringkas kénéh. Kiat kénéh badminton mayunan nu anom, bari arang kawon.
Aki Uki ras kana dirina nyalira, jalmi cacah kuricakan. Tangtos kuburanana boro-boro nganggo nisan tina marmer kanggo nyerat namina, moal ditémbok-témbok acan. Namina paling gé diserat dina tutunggul tina papan albasiah nu gancang séép dihakan rinyuh. Cétna tina tér sésa.
Barang hadé prak ngulangkeun pacul, Aki Uki téh rada muringkak bulu punduk, margi kakuping sora uncuing. Duka di palebah mana eunteupna. Tambih murinding, ditoél tiisna angina. Asa ditoél ramo mayit. Duka pedah salirana nuju rada panas tiris tilas sababaraha dinten ukur neda kulub hui sareng sampeu. Atanapi pédah ku kabawa kaayaan di pamakaman nu teu aya réncang, keueung.
Waktos ngali nu ngawitan mah dugi ka aya samingguna. Taneuh teuas kénéh. Ayeuna mah rada bear. Pacul tiasa keneh mebes dipancongkeun téh.
Mung tanaga teu aya pisan. Nembé sakecruk dua kecruk tos cape. Naming Aki Uki gaduh tékad gilig pisan. Kedah bérés ba’da lohor. Bade mintonkeun ka Dén Haji, yén dirina, Si Tarjuki, nu keur ngorana bisa maratkeun macul sakotak dina sabedug téh, ayeuna bedas kénéh. Atuh capé téh teu diraos. Bes linggis, kecruk pacul. Sodok singkup. Silih ganti. Cikaringetna luut-léét maseuhan sakujur salirana lir nu dibanjur baé. Untung ngabantun bekel. Unggal lirén, unggal belewek opieun, sareng regot cai. Nanging tanaga asa teu nambihan.
Taneuh nu dikeduk beuki luhur, lombang beuki jero. Tanaga kedah tambih ageung supados taneuh nu dikaluhurkeun teu urug deui ka handap. Ku dikeureuyeuh mah, panyaeuran dina lombang téh kakeduk sadayana. Orokaya tanaga teu nyésa pisan. Aki Uki ngaraos lunges, dugi ka teu tiasa hanjat gé. Nya reureuh bari ngumpulkeun duei tanaga. Ngalungsar dina lombang. Nyarandé kana taneuh Beulah kalér. Ni’mat padamelan tiasa réngsé. Di luhur angiin ngahiliwir, ngyagkeun dangdaunan. Incuing angger disada. Asa dipépéndé, reup wéh Aki Uki kulem kapulesan.
Bada lohor Nyi Onih nganteuran ka kuburan. Luak-lieuk teu katinggali Aku Uki. Barang nempo kana lombang, puguh wé reuwas kacida. Katinggali Aki Uki ngajoprak nyangirah ngalér. Disidik-sidik tétéla teu ngarénghap.
Dén Haji Darmawan teu seueur nimbang itu ieu. Layon Aki Uki dipulasara sapertos kaluargana nyalira. Malih dikurebkeunana gé dina lombang nu dicawiskeun kanggo kuburan salirana. Malih tos diniatan, sabada natusan, kuburan Aki Uki téh badé di témbok dilapisan keramik. Nisanna tina marmer dipahat name “Radén Tarjuki, M.Si. bin Radén Anu. Lahir ping sakitu. Wafat ping sakitu”

*tamat*

Nguseup


Ku : Mamat Sasmita

Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, néangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibébérés, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana.
Poé ieu rék nguseup, rék mopohokeun karudet sapopoé. Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk gedé.

Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut, didempét ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disoléndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit. Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.
Séak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.
Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.
Lauk béak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahégak capé. Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai.
Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri.
Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Bis baé leupas.
Lauk ngoléab deui. Kek ditéwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.
Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup kang Sabri.
Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun..
Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.

Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.
Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sabri ngarérét. Enya buncir lauk téh, keur endogan, téréh megar.
Mun ieu lauk diala, digoréng, dicobék make sambel jahé atawa dipésmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok céngék, seuhah, ni’mat kabina-bina.
Tapi saha nu rék masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapaménta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng méré nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.
Kang Sabri, lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagawé nagri. Mun pasosoré ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak téh, teu risi tatanya, pinter budak téh da teu weléh réngking di sakolana. Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur. Keur kang Sabri mah resep wé ngajar ka barudak téh, da éta mah geus tugasna, prédikat guru téh teu leupas najan teu keur di sakola, dimana baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.
Ayeuna gé nguseup téh pédah wé keur poé peré, rék balik ka lemburna rada hororéam ma’lum ahir bulan, boga bekel téh ukur cukup keur dahar.

Lauk kokoléaban dina koja, enya gedé lauk téh, mun dijual bakal payu meureun dua puluh rébu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poéeun. Lauk diteuteup, buncir pisan.
Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.
Lauk engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur ni’mat saharita. Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu galedé bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur méré pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make sétrum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.

Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoréng garing dicocolkeun kana sambel jahé, bakal ni’mat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung. Kang Sabri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok dibagéakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.
Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan “Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manéh nepi ka gedé. Bulan hareup uing rék nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manéh téh kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh kudu nyantok deui eupan kami” kang Sabri nyebut leungli téh pédah inget kana dongéng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.
Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?”.
Ari dilieuk sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sabri ngajar.
“Eu..sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan”.
“Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun”.
Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mérésan koja. Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.
“Muhun mang, engké upami kénging deui” ukur kitu omong kang Sabri.
“Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup téh. Éta emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina télévisi, geuning upami tos kénging téh laukna sok teras dileupaskeun deui”
“Bénten paniatan kumaha mang?”
“Ari emang mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup téh kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik nya sok digoréng wé kanggo réncang sangu. Ari niat jang guru mah panginten nguseup téh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanés udagan. Suka bungah téh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang dahar, balakécrakan dahar lauk”.
Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.
Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.

Sabulan ti harita dina mangsa poé peré, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibébérés, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk gedé, mun meunang, laukna rék dibikeun ka mang Kanta.
Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan.
Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.
Cék sawaréh nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh. Cék sawaréh nguseup téh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri. Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak mang Kanta balakécrakan.
Méh tengah poé, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyéng-benyéng kenur.
Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik kénéh sagedé-gedé cinggir budak.
Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.
Subhanalloh cék kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing, lauk ukur engap-engapan.
“Ieu téh manéh leungli?” kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.
Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.
Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.
Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.
“Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu walungan” kang Sabri ngaharéwos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo. Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik kénéh.
Kang Sabri bébérés, kenur digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik.
*tamat*

Sabtu, 24 September 2016

Melak Kacang Su'uk

Isuk isuk  kuring geus disampeur ku Darmi ,Kuni'ah ,Rawinah jeung Warsinah bring arindit rek ka imahna neng Rania da kamari basa poe Sabtu balik ti sakola geus badami yen neng Rania rek ngajak urang titah mantuan abah Wira rek melak kacang su'uk.
Abah wira teh akina neng Rania di lembur kuring mah ka asup jelema jegud ,bro di juru bro di panto teh nya'an lain bobodoan jeung bageur deuih mantak loba nu resepeun ka abah Wira mah .
Neng Rania na oge bageur ,kuring sabatur batur remen diajak ulin ka imah akina ,balikna sok dibahanan dahareun atawa bubuahan kumaha usumna we .
Nepi ka imah neng Rania geuning manehna geus calangeu nungguan ditepas imah .
Neng Rania : " Sugan teh poho ,moal daratang yeuh "
Darmi          : " Rugi atuh lamun teu datang mah nya euy " bari seuri .
Sarerea        : " Puguh atuuuh " mani rampak  bari sareuri .
Neng Rania  : " Hayu atuh ,bisi kaburu panas " bring sarerea arindit muru ka kebon abah Wira .
Ari nepi ka kebon teh geuning geus pada prung jelema karolot mah keur melakan kacang su'uk mani soson soson. Kuring jeung Warsinah pasanganna da melak kacang su'uk mah kudu dua'an dua'an nu hiji nyocogkeun kayu nu tungtungna lancip terus nu hijina ngasupkeun siki kacang 2 siki terus diarug deui taneuhna ,da bibit kacang na mah geus meunang milihan jadi tinggal ngurusna bae nu bener boh ngipukna boh nyiramannana miceunan jukutna jeung sajabana..
Teu lila  ma Icih gegeroan ningali nu marelak kacang geus rengse ,geus kukumbah leungeun bring sarerea nyampeurkeun ma Icih .Nyampak dihandapeun tangkal buah geus ngampar samak bari jeung pinuh ku dahareun ,sangu dina boboko gede  terus aya sambel dina rantang jaba lalab lalaban na kumplit aya peuteuy kulub ,bonteng,terong apel ,kacang panjang ,kulub daun sampeu ,tespong sanyiru ,goreng tempe ,tahu jeung sabaskom  sedeng ,pais lauk emas sabaskom gede terus cai jang nginum 2 teko gede.
Prung sarerea dalahar mani ponyo pisan ka asup rombongan kuring nu kaitung barudak keneh daharna teu make piring makena daun cau batu ,duuuh nikmatna .
Jam 11 beurang pagawean melak su'uk geus rengse ,ma Icih memeres urut dalahar tadi dibantuan ku ma Iroh .Kuring sabatur batur teu langsung balik ampir heula ka imah neng Rania rek ulinan anjang anjangan da neng Rania mah parabot kaulinanna loba .Komo boneka barbie mah imahna, parabot imahna sarta bajuna mani ho'okeun nu nempo model kuring jeung sabatur batur .
Teu karasa deui asa sakeudeung barang ngadenge azan lohor kuring jeung babaturan pamitan ka neng Rania.
Neng Rania  :" Nuhun nya luur tadi geus ngabantuan melak kacang  " bari mukakeun panto gerbang imahna
Kuring          : " Sami urang ge nuhun pisan tos dibere dahar mani ponyo ,hehe "
Warsinah         : " Enyaaa mani ponyo pisan ,ayeuna ge masih wareg keneh " bari seuri
Kuni'ah        : " Kade ah bilih abah rek melak samangka  bejaan deui nya neng " mairan bari seuri
Rawinah      : " Pasti atuh Kun  piraku Neng Rania hilap mah ngabejaan urang  " bari ngiceupan ka kuring .
Neng Rania : " Nya moal atuh lur piraku sobat sobat kuring rek diliwat ari dina  urusan balakecrakan mah ,heu heu heu ,lain ngusir yeuh bisi telat sholat lohorna nya "
Sarerea      : " Salamualaikuuummm " rampak  bari gugupay ngadadahan nu boga imah .
Neng Rania  : " Walaikum salam "
Neng Rania nutupkeun panto gerbang imah tuluy asup ka imahna ,buru buru nyokot cai wudhu rengse sholat terus ngagelehe ditempat sare teu lila reup peureum sare beurang mani tibra .

Cag heula
Gempol ,25 September 2016
Ku : oma Eni

Minggu, 18 September 2016

Ngala Buah Sukun

Kamari basa poe Minggu  kuring isuk isuk  ka buruan tukang ningali  buah sukun ,Alhamdulillah geuning leubeut .Biasana na mah sok murag wae teu ari nepi ka kolot ayeuna mah tutug geus karolot ,ari geus kolot mah rasana oge nya rada amis jeung pulen. Kabeneran kuring meuli cangkokanna barang ti asal melak teu kungsi 3 taun buahan jeung buahna teh galede .Tah kamari mah teuing panen nu kasabaraha tapi da angger we galede jiga samangka ku kuring ditawarkeun ka mang Salim.
" Mang  sok atuh borong buah Sukunna " ceuk kuring ka mang Salim anu kabeneran liwat digeroan titah ampir .Mang Salim teh kasarna mah calo ,calo naon we lamun dibeuli ku manehna teu lila geus pindah leungeun nu penting mah untung kajeun saeutik ge ,mantak ge payu wae .
" Sabaraha bu hijina " ceuk mang Salim bari nempoan buah Sukun nu geus ngagunduk  diburuan tukang.
" Ah ieu mah disaruakeun we ,hargana 4 rebu tong nawar deui mang geus murah " ceuk kuring.
" Euh ,kitu nya embohan atuh bu " ceuk mang Salim
" Enya ,sok atuh itung aya sabaraha kabehna " ceuk kuring .
Mang Salim keur ngitung sukun ,kurunyung Tati datang  " Ma agehan kuring 5 siki mah "
" Meuli we ka mang Salim atuh Tat ,da geus dibajong kabeh  engke embohna ti ema" ceuk kuring .
" Mang uing meuli 5 siki sabaraha ,ceuk Tati ,manehna teh dagang wuduk jeung gorengan ari isuk.
" Lamun milih 5 rebu hijina ,lamun dicokotkeun 4 rebu 5 ratus nu mana Tat ? " mang Salim nalek .
" Ah uing mah milih wae " ceuk Tati bari milihan bari sok mikeun duitna ka mang salim .
" Laris ....laris tanjung kimpul dagangan habis duit kumpul " mang Salim nampanan duit ti Tati tuluy di gebrag gebrag keun ka gundukan Sukun .Sanggeus rengse ngawadahan sukun dina karanjang kusiwel mang Salim mere duit ka kuring 200 rebu  ,terus kuring mere emboh 5 siki  anu barokeng kulitna da jero na mah alus keneh bakat ku geus kolot ,ngeunahna kudu di inepkeun heula sapoe mah ambeh pedo ,hehe.
Karak boga satangkal lumayan seubeuh ngadahar jaba meunang duit ongkoh ,Alhamdulillah .

Cag heula ah 
Gempol 19 September 2016
ku : oma Eni

Jumat, 09 September 2016

Nineung Ka Incu

Harita teh poe Minggu kuring  lalajo tv  dibaturan ku incu  ,manehna teh bari ngelapan sapatu  jang isukan sakola poe senen . Geus beres sok ditunda di rak sapatu ari sugan teh ngagalehe di pangkuan kuring teu lila ceg nyokot sapatu lanceukna  terus dielapan jiga nu manehna tadi .
" Euleuh  ku daekan geuning nu geulis teh kangeunahan atuh de ,tetehna "  ceuk kuring bari imut ngagalenyu.
" Ah da Queen mah nuju ngumpulkeun pahala ,oma " bari angger ngelapan sapatu lanceukna .
Duuh ,ieu hate mani kagagas  budak umur 6 taun geus bijaksana ngawalonna asa kasindir ku budak samenel .Dina sejen waktu Queen kungsi ngomong kieu cenah  " Oma pan gaduh hutang ka Queen sarebu lima ratus wioslah tong bayar ,itung itung kangge bekel engke di kuburan "  MasyaAllah ieu budak mani jero ngomongna .
" Euh kitu nya geulis nuhun nya ,dasar budak solehah " celengok dicium tarangna ku kuring .
Ayeuna tinggal nineungna  da minggu kamari diunjal ku indung bapana nyaeta anak kuring jeung minantu.
Barudak teh pindah sakolana di Bekasi kumpul deui jeung kolotna ,hanas pasang AC naha make ujug ujug pindah lebar ditinggalkeun ACna ,hehe.
" Keun wae mah pan ari pere Ena jeung barudak di mamah ,komo dd Sunan mah dines nu tiis tiis teh " ceuk anak  kuring .
Enya  Sunan lamun teu aya kipas teu bisa tibra sarena guling gasah teu anteng hariwang ningalina oge ..Kuring mah teu pati dines dines teuing sare make ac malah lamun sare teu make kaos kaki  asa teu puguh atuda tuman,hehe
Barang pajauh jeung incu, mani sono hoyong pajonghok pisan hanjakal pere bagi raport lila keneh ,hadena we kaubaran ku sering teleponan,Mending we ngadeng sorana oge geus bungah ieu hate, kuring sok ngaheureuyan " Teteh hayu urang ka senenan "
" Iih  oma tebih ayeuna mah pan tetehna oge di Bekasi " sora di beh ditu nembalanana serieus.
Kuring seuri  ngabarakatak " Euleuh mani serieus teteh Putri ,nya muhun atuh ayeuna mah tebih geulis "
Ari Senenan teh nya eta poe pasar  dilembur kuring aya pasar dadakan saminggu sakali dina poe Minggu sore mantak disebutna Senenan .Tah barudak sok ngalabring pang pang na mah meuli jajanan atawa dahareun .Putri jeung Queen sok miluan bareng jeung dulur dulurna  da caket ti rorompok mapah ge  teu lami  tempatna diparapatan desa Gempol ka kaler.

Sabtu, 06 Agustus 2016

SI KABAYAN MEULEUM LAUK


Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.

Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, dan dibekelan ku kolotna, surundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh di kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet, kawantu jaman baheula mah teu usum minyak tanah atawa LPG. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, belut, jeung lauk nu palid ti balong.

Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.

“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.

“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.

Réngsé dalahar babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu, suluhna tapas. Sanggeus tapasna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos makeé uyah dina coét.

Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, tapasna geus pareum kawntu tapasna ngan hiji, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna téh ata tilu.

“Ti mana hiji deui? tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa.

Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali. *** (AG, diropéa tina carita Si Kabayan nu asalna ti Banten / Galura)

SI KABAYAN DI CUKUR


Si Kabayan teh kandulan pisan. Ari kandulan teh jahe alias jago he-es (beuki sare). Teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.
Sakali mangsa si Kabayan teh dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan Supratman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang. Tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan. Kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.
Si Kabayan tibarang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… Ngadalang. Pokna teh, “Tah kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka. Ari dasa hartina sapuluh. Ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “
Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa kaganggu kunu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan nyarita, “Pondokeun wae Mang…”
Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui,  ”Ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ”
“Pondokeun wae Mang…”ceuk si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh.
Teu lila reup deui sare. Lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ”Urang tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si Kabayan asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu, “Pondokeun Mang….”
Terus reup deui peureum. Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna. Ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang. Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling ku Rahwana. Antukna si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ”Ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “Dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salembar-lembar acan, puguh wae si Kabayan teh ambek, “Nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si Kabayan morongos.
Tukang cukur nembalan bari nyentak, “Bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh, lain nuhun diembohan ku dongeng teh…”
Ngan hing wae si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak dipoyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”[]

SI KABAYAN MORO UNCAL


Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro uncal.
Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kanacangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
(Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)

Kamis, 04 Agustus 2016

Si Kabayan Ngala Tutut

Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Si Kabayan Ngala Roay

gambar-21.jpgDina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
Roay! Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.
Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.
(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk.)

Minggu, 31 Juli 2016

PELESIR KA KEBON BINATANG


Lamun libur sakola Ana, Shifa, Chelsea, sarta Vania  rek indit ka kebon binatang babarengan. Dina waktu, pakansi kulawarga Vania ngajak pelesir ka kebon binatang.
Harita keur  soré, Ana, Shifa, Chelsea, Tasya, sarta Putri ulin bareng di alun alun.Teu lila aya nu gogorowokan bari ngagupayan ,singhoreng teh geuning Vania
Vania: "(Bari leumpang ngadeukeutan babaturan terus ngariung). Yeuh  babaturan, kuring mere beja ".
Syifa: "Beja naon Van ?
Ana: " Pasti  urang  diajak jalan nya."
Vania: "Geuning  nyaho?"
Ana: "Kuring nebak  asal wae ,hehe."
Vania: "Tapi  tebakan maneh bener, An. Jadi kuring bakal ngajak kabeh jalan - jalan ".
Chelsea: " Hayang jalan - jalan ka mana cenah  Van?"
Vania: "Ayeu na mah urang pelesir  ka kebon binatang. ,nya keun bae  teu seru.oge. Tapi waktu ieu mah  leuwih alus. Sabab urang inditna sarerea "
Ana: "Wah, kabeneran atuh  uing  tacan pisan ka kebon binatang. "
Shifa: "Lamun pelesiran haratis  kieu mah, pasti daeklah .rezeki  tong ditampik  sist. "
Ana: "Enya bener, Syif."
Chelsea: "Tapi, lamun ngajak - ngajak urang heug   teu meunang ku  kolot maneh kumaha  Van?"
Vania: "Tenang Chel, nu nitah  ngajak  babaturan teh  mama  jeung papa."
Putri: "Duh  ... hampura Van. waktu ieu mah teu bisa datang. "
Vania: "Naha, kunaon kitu?"
Putri: "Lain teu daék datang, tapi kuring keur boga urusan nu séjén. hampura pisan  nya ... "
Vania: "Lamun enya teu bisa, teu nanaon lah . Urang pakansi babarengan waktu ka hareup. "
Putri: "Hatur nuhun nya Van ..."
Vania: "Ari nu sejenna marilu ?"
Ana: " Pasti atuh  Van."
Syifa: ". Tenang euy, kuring oge milu"
Chelsea: "Enya, sanajan kuring tos mindeng ka kebon binatang, tapi ari diajak gratis mah uing moal nolak komo dina liburan sist ,hehe ... "
Tasya: "Ehmm ... hehehehe ... Kuring teu bisa ngiluan nya. Sabab,  bade ka imah  nu di Medan. Hehehe punten pisan  nya ... "
Chelsea: "Haar Tasya ... euweuh maneh mah teu rame ..."
Tasya: "Hehehe ... dina waktu kahareup sugan ..."
Vania: "Nya enggeus teu nanaon moal maksa nu embung. "
Ana: "Pelesiranna iraha ?"
Vania: "Poe minggu  isuk isuk  daratang ka imah kira-kira  jam 7 lah. "
Ana: "Heug ..."
Chelsea: "Ehh, mendung geuning. kuring balik heula nya ... "
Tasya: ". Sakali deui, hampura nya Van"
Putri: "Hapunten, Van."
Vania: "Enya ..."
Tasya jeung putri: "Urang balik miheulaan nya Van ..."
Syifa: "Kuring ogé rek balik nya Van."
Vania: "Ehh dagoan atuh..."

 Poe Minggu, maranéhanana kumpul di imah Vania. Tuluy maranehna   dariuk di mobil satengah  dalapan isuk-isuk  prung mobil miang. Sapanjang jalan, maranehna bener ngarasakeun panorama alam nu éndah. Nepi ka, maranéhanana anjog di kebon binatang.
Syifa: "Asiikk ... tungtungna nepi."
Ana: "Kuring geus teu sabar yeuh hayang buru buru asup."
Vania: "Nya hayu atuh asup nungguan naon deui ."
Syifa: "Tungguan heula. dimana Chelsea? "
Ana: "Di mobil jiga na mah."
Vania: "(kasampak aya di mobil).tah geuning Chelsea. "
Syifa: "Dasar budak teh gawena ngan saukur  molor."
Ana: "Biasa, cap pélor ."
Syifa: "Naon kitu?"
Ana: "Enya nempel bantal terus molor. Hahahahaha ... "
Vania: "Ehh, kumaha lamun ku urang dileketek manéhna?"
Ana jeung Syifa: "Tah ide alus."
Vania: "Dina itungan ka tilu, urang keletekan manéhna. 1,2,3 ... "
Vania, Ana, Syifa: "Chelsea hudang! (bari ngalaketek awak Chelsea) "
Chelsea: "Heeii nanaonan sihh! Ehh, geuning geus nepi ? Hehehe, kuring kasarean yeuh. "
Vania: "Hayu ahh, urang asup!"
Chelsea: "Tungguan kuring ..."
Maranéhanana langsung indit ka loket kebon binatang.   sateuacanna.asup kudu meuli karcis heula geus meunang karcis, maranéhanana geura-giru asup.
Ana: "Wah,  kabuktian Gajah bener - bener  gede? (bari nempo jeung  heran di tempat gajah) "
Syifa: "Piraku maneh can pisan nempo gajah?"
Ana: "Kungsi bener. tapi, ngan gambar doang. "
Vania: "Ehh Ana, itu geuning dulur maneh ."
Ana: "Dimana"
Vania: "Tuuh ... (nunjuk ka arah orang-Utan)"
Chelsea: "Hahaha, sarua  geuning jeung maneh An ."
Ana: "ihh, maneh mah ngeunah wae ngomong teh ."
Syifa: "Ehh, geus.ah hayu urang nempo jerapah wae yukk. " 
Teu lila nepi  di dipager jerapah.
Ana: "Wah, bener luhur. (bari tanggah  ningali  jerapah) "
Chelsea: "Syif,  kuring foto nya nukangan jerapah..."
Syifa: "Sok Chel. (Cekrik). Geus yeuh Chel. " bari mikeun kamera
Vania: "Urang nguriling nempo anu sejenna yuk."
Bring arindit ngurilingan ningalian sasatoan nu aya  didinya diantarana sasatoan nu di cai - .
Chelsea: "ihh, kuya - lucu kuyana.,Syif sok foto deui nya kuring ku maneh tapi jiga ngarendeng  jeung kuya  "
Syifa: "Chelsea mah dasar kabiasaan!"
Ana: "Ohh, tétéla kawas kieu lauk piranha  teh ti sisi kasampak jiga nu biasa.bae , naaa eta huntu hiiiiyy. "
Vania: "Ciciren kakara nyaho, kade maneh  bakal jadi parab ku lauk piranha, nyaho."
Ana: "Teu bisa atuh. pan lauk piranhana oge di akuarium. lamun kitu meureun  dihakan ku hiu atuh. "
Vania: "Ieu mani loba pisan nya."
Ana: "Lamun lauk piranhana baradag sagede gede lauk hiu  meureun akuarium na oge jebol atuh. euy. "
Vania: "Hayu ah urang nguriling deui uing embung nyiksa nu gareulis ningali nu sejen wae nya . "
Syifa: "Vania mani bageur euy ,hehe!"
Sanggeus seubeuh kukurilingan, maranéhanana inget ka balik.jaba geus carapeeun .Prung mobil indit balik muru ka imahna Vania,barang geus nepi  maranéhanana langsung pamitan da hayang kumpul deui  jeung kulawarga.na
Syifa: "Haturnuhun nya Van, diajak jalan - jalan haratis ,hehe."
Chelsea: ". Nuhun nya Vania"
Ana: "Hatur nuhun  Van. kakara pisan kuring mah indit ka kebon binatang tur ningal rupa rupa sato anu langka  "
Vania: " sami sami luurr ..."


Mangga bade dikopy paste mah ,mung kade tong hilap cantumkeun blog sumberna  ^_^

Jumat, 29 Juli 2016

KASEHATAN PANGKAL KABERSIHAN


Fadli, Ikbal, sarta Sukamto: Assalamualaikum ...
Indah :: Waalaikumsalam ....kumaha daramang ?
Fadli, Ikbal & Sukamto: Alhamdulillah,  pangesto sadayana
Sukamto: Oh enya, urang ningali ti katebihan teh  Indah jiga nu riweuh. ,emang  riweuh ku naon  kitu?
Ikbal: Enya, di talingakeun teh ku  urang Indah mani riweuh.
Indah :: Oh ... ieu mah da  keur  ngabersihan imah jeung pakarangan ..
Fadli: Naon-wae anu  dibersihan,Ndah ?
Indah :: Mimiti , kuring ngepel kamar, saperti :ruang keluarga, pangkeng jeung rohangan dapur.
Fadli: Oh enya, Indah ...di buruan tukang imah ningali teh loba runtahna ,eta ge rek diberesihan ?
Indah : Pasti atuh. Sabab baris loba reungit jeung sayangna  Lamun urang mindeng digegel ku reungit sarua yen urang bakal  keuna ku  panyakit DBD.
Ikbal: Naon ngaran reungitna,  jeung  naon hartina DBD ?
Indah : Ayeuna ku Indah  di jelaskeun. ngaran reungit ieu téh  disebut oge aides aighepty asalna ti Latin. lamun nyedot  getih urang, urangna jadi muriang  nyaéta demam berdarah. lamun parna bisa ngakibatkeun maot
Sukamto: Jadi, ambeh tong katepaan, urang kudu kumaha atuh ?
Indah :: Tah  Patarosan  nu  alus. Kumaha pikeun nyegah eta: 1. Utamana pikeun nu boga bak mandi  kudu di kuras unggal poe,    2. Pikeun jalma anu miboga solokan di hareupeun imah nya sok dibersihan jeung 3. Lamun di imah urang aya kaléng nu geus teu kapake , jieun pot keur pepelakan atawa dikubur. Tapi ari teu kapake  jadi  runtah alusna mah di beuleum wae.
Ikbal: Oh enya, Indah, naha atuh urang kudu bebersih nepi ka riweuh jeung cape.
Indah : Astaghfirullah ...... .. , Fadli maneh mah sakitu geus di écéskeun yén  Kabersihan teh pangkal  Kasehatan
Sukamto: Dasar si Fadli  mah budak kedul , Indah
Indah, Ikbal & Sukamto: Ha ... ha ... ha ... ha ...
Ikbal: Sigana mah urang kudu balik yeuh, sabab waktuna  geus sore.
fadli: Oh enya, Indah.
Sukamto: Urang teruskeun wae isukan di sakola ngeunaan  nu tadi  Oh enya, nuhun nya, geus nerangkeun ngeunaan kebersihan pangkal Kaséhatan
Indah Oh enya, sami sami ...
Fadli, Ikbal & Sukamto: Nya atos atuh... Assalamualaikum ...
Indah : Waalaikumsalam ....


Bilih bade kopy paste mangga mung tong hilap cantumkeun sumber blogna ,nuhun  ah   ^_^

Sabtu, 23 Juli 2016

MIÉLING PROKLAMASI



Hilman : "Agustusan taun 2016 ayeuna mah sigana bakal ramé geura Pop."
Popi : "Naha ku naon kitu?"
Hilman : "Enya, apan umur kamerdékaan nagara urang téh panceg 71 taun."
Déwi : "Aéh, enya. Di tempat urang rék aya raraméan naon waé, nya?"
Agus : "Alusna mah diayakeun pertandingan maén bal, sing ramé pisan."
Hilman : "Ngan kana maén bal waé manéh mah."
Agus : "Ih, da enya, mun aya maén bal mah resep. Naon resepna pésta Agustusan ukur tarik tambang, balap karung, balap séndok, jeung maén rebutan mah?"
Avip : "Yeuh, ari miéling proklamasi téh udaganana lain ukur resep jeung ramé. Anu penting mah urang kudu sukuran. Kapan merdéka téh meunang hésé capé, tur kudu ditebus ku pangorbanan anu kacida gedéna."
Agus : "Alah, kawas enya manéh nyaho jeung milu ngalaman."
Avip : "Heueuh, kuring gé ceuk béja, cenah kitu nebus kamerdékaan téh. Urang mah ayeuna ngan kari senangna. Barang gubrag ka dunya téh nagara geus aman. Teu ngalaman  ririweuhan, teu kungsi hirup balangsak."
Popi : "Ih, mani kawas kolot Avip mah ari nyarita téh."
Déwi : "Kapan bakal jadi kolot engké gé, lain?"
Avip : "Enya lah..."
Agus : "Pokokna mah pésta Agustusan téh kudu ramé, nya éta ku ngayakeun pertandingan maén bal."
Hilman : "Ih, manéh mah geus kana maén bal deui atuh!"
Agus : "Ari enggeus, lamun uing resep, rék naon? Manéh mah kitu ari ka nu resep maén bal téh sok sirik."
Popi : "Enggeus, Hilman, tong dilayadan si Agus mah, tara daék éléh omong!"
Mangga bilih bade di kopy paste mung tong hilap cantumkeun sumberna ,nuhun ah  ^_^
Sumber : RINEKA BASA VII-B (Nu tos diropea)